Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Sajak : Ucing



UCING

Karya Rinrin Candraresmi


"Méooong.. Méooooooong..

"Méééééng... pus pus puuuuuuuuus...

"Méooong...Méooooooong..


Tah, aya nu éong-éongan

Patémbalan teras-terasan

Ih, tuda ucingna seueur kapan


Nu ieu Euis

Nu itu Jaka

Saé nya namina

Asli nami Sunda


Tapi aya ogé nami Barat

Nu jalu Vigo

Nu bikang Chiko

Palinter henteu barodo


Sadayana lalucu

Tiasa diajak ameng

Sok ocon udag-udagan

Sok nunutur ogo pisan

Sok ngaléndotan hoyongeun diusapan


Ucing téh mahluk satia

Ucng kedah dipiara enya-enya

Ucing batur ramé rencang sepi

Jcing sato kameumeut Kangjeng Nabi