Sajak : Katiga
KATIGA
Karya : Yayat Hendayana
Kekebul Jalan
Haliber
Katebak angin katiga
Eunteup dina kaca toko
Sawareh arasup kana panon
Kekebul Kota
Sarila
Katebak angin katiga
Unggut-unggutan dina emper
Nembongkeun dampal lengeunna
Ka sakur nu liwat
Kekebul jalan
jeung kekebul kota
Nu sareksek kana mata
Pada-pada mihareup hujan silantang
Pikeun dirina