Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Sajak : Kapal Terbang



KAPAL TERBANG

Karya Darpan

 

Saha nu hayang tumpak kapal terbang

Ngangkleung dina mega, mapay awang-awang

Bisa nyawang ka handap siga manuk

Di mana lembur jeung sakola

Di mana kebon jeung imah indung bapa

 

Hayang pisan tumpak kapal terbang

Kawas Mundinglaya ngudag Jonggrang Kalapétong

Rék diaprak méga-méga bodas nu lemes

 

Hayu urang tumpak kapal terbang

Aéh, apan ongkosna mahal

Ngan maranéhna nu boga duit kandel

Nu bisa hiber ti bandara ka bandara

Urang atuh kumaha?

 

Ah urang beunghar geura

Junun diajar jeung suhud kana gawé

Jadi dokter, arsiték, atawa youtuber sohor

Ka mana baé urang rék ngider

Maké kapal ngalayang hiber