Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Teks Narasi Sunda : Jalan-jalan ka Selabintana

 


Jalan-jalan ka Selabintana


Waktos peré seméster, Mida sareng Dami kantos Iiburan di Sukabumi, di bumina Aki Johar. Salami Iiburan téh, seueur tempat nu didongkapan, salasahijina nyaéta Selabintana. Resep pisan, pamandanganana éndah sareng tempatna tiis ma-tak betah sareng tingtrim kana pipikiran. Henteu sesah ka Selabintana mah, jarakna gé ukur 7 km ti puseur kota. Angkot gé gampil upami teu  nyandak kandaraan pribadi mah.


leu taman rékréasi di suku Gunung Gedé Pangrango téh tos aya ti jaman Walanda, malah nu ngawangunna gé Tuan AEE Lenne taun 1900-an, kitu saurna. Tah ku  éta tuan, ieu tempat téh diwuwuhan ku hotél kanggo ngéndong niiskeun pikir sareng sangkan tumaninah  ningal pamandangan. Ari kiwari mah dilengkepan ku  musola, kolam renang, tempat nu icalan kembang hias, jeung réa-réa deui.


Pokona upami ka tempat wisata ieu mah bakal resep botram bari ningal Gunung Gedé nu ngalamuk paul sareng tangkal pinus nu jarangkung ngagupay langit. Tah tong hilap mapay walungan nu caina canémbrang hérang. Kétang badé ancrub babaseuhan gé matak resep asal nyandak salin baé.  Pangalaman jalan-jalan ka Selabintana téh, pangalas man nu pikaresepeun kanggo Mida sareng Dami mah.