Pangajaran Sunda Kelas 3 Pangalaman Nu Matak Nineung
BASA SUNDA BUKU
MIDADAMI KELAS 3 SD
PANGAJARAN 2
PANGALAMAN NU
MATAK NINEUNG
Kompetensi Dasar
3.2 Memahami teks
nrasi sederhana tentang pengalaman yang mengesankan.
4.2 Membaca nyaring
teks narasi sederhana tentang pengalaman yang mengesankan dengan lafal dan
intonasi yang benar.
Tujuan Pembelajaran
Setelah selesai
memperlajari materi pada bagian ini, siswa diharapkan dapat memahami teks
narasi sederhana tentang pengalaman yang mengesankan serta dapat membaca
nyaring teks narasi sederhana tentang pengalaman yang mengesankan dengan lafal
dan intonasi yang benar.
1.
Maca Bedas
Jalan-jalan ka Selabintana
Waktos peré seméster, Mida sareng Dami kantos Iiburan
di Sukabumi, di bumina Aki Johar. Salami Iiburan téh, seueur tempat nu
didongkapan, salasahijina nyaéta Selabintana. Resep pisan, pamandanganana éndah
sareng tempatna tiis ma-tak betah sareng tingtrim kana pipikiran. Henteu sesah
ka Selabintana mah, jarakna gé ukur 7 km ti puseur kota. Angkot gé gampil upami
teu nyandak kandaraan pribadi mah.
leu taman rékréasi di suku Gunung Gedé Pangrango téh
tos aya ti jaman Walanda, malah nu ngawangunna gé Tuan AEE Lenne taun 1900-an,
kitu saurna. Tah ku éta tuan, ieu tempat téh diwuwuhan ku hotél kanggo
ngéndong niiskeun pikir sareng sangkan tumaninah ningal
pamandangan. Ari kiwari mah dilengkepan ku musola, kolam
renang, tempat nu icalan kembang hias, jeung réa-réa deui.
Pokona upami ka tempat wisata ieu mah bakal resep
botram bari ningal Gunung Gedé nu ngalamuk paul sareng tangkal pinus nu
jarangkung ngagupay langit. Tah tong hilap mapay walungan nu caina canémbrang hérang. Kétang badé ancrub babaseuhan
gé matak resep asal nyandak salin baé.
Pangalaman jalan-jalan ka
Selabintana téh, pangalas man nu pikaresepeun kanggo Mida sareng Dami mah.
(foto-foto
tina www.google.com)
2. Ngajawab Pananya
Pék jawab ku hidep!
1. Di mana perenahna Selabintana téh?
2. Kumaha carana upama hayang
jalan-jalan ka Selabintana?
3. Saha nu ngawangun taman rékréasi
Selabintana téh?
4. Naon waé nu bakal mawa betah di
Selabintana téh?
5. Saha nu kungsi jalan-jalan ka
Selabintana?
Pancen 1
Pék caritakeun deui
pangalaman 'Jalan-jalan ka Selabintana' téh ngagunakeun basa sorangan!
3. Ngapalkeun Harti Kecap
tingtrim = tenang,
ngahenang-ngahening taya bangbaluh
puseur = tengah-tengah
atawa pusat
diwuwuhan = ditambahan
wisata = nyaba bari sukan-sukan
ngalamuk paul = ti
kajauhan katénjona semu paul (bakat ku jauh)
canémbrang = kacida
hérangna
Pancén 2
Sangkan leuwih maham
hartina, pék kecap-kecap di luhur eusikeun kana kalimah-kalimah di handap!
1. Di Sukabumi aya tempat jalan-jalan nu
matak kana ...................... ati.
2. Aki Johar mah bumina di
.......................... dayeuh Sukabumi, matak gampil jalan-jalan.
3. Tempat rékréasi téh
............................ ku rupa-rupa wangunan sangkan betah wisatawan.
4. Selabintana téh tempat .........................
nu geus aya ti jaman Walanda.
5. Gunung Gedé
............................. disawang ti kajauhan mah.
6. Dami jeung Mida
marandi di walungan nu caina........................hérang
4. Ngaregepkeun Pedaran Ngeunaan Carita
Pangalaman
Pangalaman
téh nyaéta kajadian anu karandapan ku sorangan. Jadi upama urang nyaritakeun
pangalaman téh sarua jeung nyaritakeun kajadian anu kaalaman atawa karandapan
ku sorangan.
Unggal jalma miboga pangalaman séwang-séwangan. Kaasup hidep. Eta pangalaman téh aya anu pika-bungaheun, pikasediheun, pikaresepeun, pikasieuneun, jeung sajabana.Bacaan "Jalan-jalan ka Selabintana" di luhur nyaéta pangalaman Mida anu pikaresepeun. Hidep ogé bisa nyaritakeun pangalaman sorangan seperti kitu. Teu kudu panjang-panjang saperti conto di luhur, bisa baé
kieu:
1. Pangalaman anu
Pikabungaheun
Pangalaman
anu pikabungaheun kanggo abdi nya éta waktos abdi naék ka kelas tilu. Waktos
badé dibagi
rapot téh abdi degdegan sieun
teu naék. Mangkaning anu nampina Ogé Mamah. Abdi bingah Pisan waktos
diwartosan ku Mamah, yén
abdi naék ka kelas tilu.
2. Pangalaman anu
Pikasediheun
Pangalaman
anu pikasediheun kanggo abdi nya éta waktos pun nini maot. Abdi sedih pisan
waktos nini
maot téh. Ari margina
nini téh nyaaheun pisan ka abdi. Upami aya ka rorompok, anu pangpayunna
ditaroskeun
téh abdi.
3. Pangalaman anu
Pikasieuneun
Pangalaman
anu pikasieuneun kanggo abdi nyaéta waktos ngiringan jurit malam. Abdi sareng
réréncangan saregu kedah ngalangkung ka
kuburan. Jaba poék deuih, teu aya lampu. Abdi mani sieun pisan.
4. Pangalaman anu
Pikaseurieun
Pangalaman anu
pikaseurieun nyaéta waktos abdi nganggo sapatu sisirangan. Ku margi rusuh sieun
kasiangan sakola, abdi
henteu taliti nganggo sapatu. Ari dongkap ka sakola, abdi diseungseurikeun ku
réréncangan ku margi nganggo sapatu
sisirangan. Abdi ogé nya ngiring seuri wé, da rumaos henteu tarapti.
Pancén 3
Pék ayeuna hidep
nyaritakeun pangalaman sorangan. Teu kudu panjang-panjang. Tengetan baé conto
di
luhur. Hidep bisa
nyaritakeun pangalaman anu pika- bungaheun, pikaresepeun, pikaseurieun,
pakasieuneun,
pikasediheun, jeung
sajabana. Pilih wé salasahiji!
5. Ngalarapkeun Rarangkén Hareup ka-
Rarangkén hareup ka-
nulisna dihijikeun jeung kecap anu nuturkeunana. Gunana pikeun ngawangun kecap
pagawéan anu ngandung harti "teu dihaja". Tengetan contona di handap,
larapna rarangkén hareup ka- dina kecap jeung dina kalimah!
Conto:
bawa + ka- = kabawa
Buku Mida kabawa
ku Dami.
Prak pigawé saperti
conto!
1. tincak + ka- = ....................
Suku
Ujang .................... ku Yayan.
2. géléng + ka- = ....................
Hayam
paéh .................. motor.
3. tabrak + ka- = ....................
Pager
runtuh .................. ku mobil.
4. tajong + ka- = ....................
Gelas
peupeus .................. ku Bi Anah
5. cugak + ka- = ....................
Sukuna
bareuh .................. ku beling.
6. Ngalarapkeun Kecap Pangantét ka
Kecap pangantét ka gunana
pikeun nuduhkeun tempat atawa jelema anu dituju. Nulisna dipisahkeun jeung
kecap anu dituturkeunana.
Conto:
ka + mana = ka mana
Badé angkat ka mana , Bu?
Prak pigawé saperti
conto!
1. ka + dieu = ....................
Teu
kénging ameng .................... aya nu ujian!
2. ka + pasar = ....................
Mida
badé angkat .................... sareng Ibu.
3. ka + sakola = ....................
Tabuh
tujuh Dami tos dugi ....................
4. ka + lembur = ....................
Upami
Iibur Mida badé .................... apana.
5. ka + Banjaran
Entin
unggal dinten sok ngalangkung ....................
7. Maca dina Jero Haté
Pék ku hidep bacaan
dihandap baca dina jero haté!
Tempat
Wisata Ciletuh
Naha di
antara hidep aya nu kungsi ngadéngé tempat wisata Ciletuh? Atawa kasohorna mah
Géopark Ciletuh? Enya ieu téh tempat wisata anyar di Kabupatén Sukabumi. Ari
perenahna aya di Kacamatan Ciemas Kabupaten Sukabumi. Disebut Géopark sotéh
lantaran tina basa Inggris, mun di-basa-Sunda-keun mah taman alam batu Ciletuh.
Ku naon pangna disebut taman alam batu, lantaran ceuk ahli géologi, ieu taman
téh mangrupa wewengkon batu pangkahotna di Pulo Jawa.
Kaéndahan
Ciletuh lir surga nu kakara kapanggih ku manusa. leu tempat téh asal-usulna
dasar laut nu kaangkat jadi daratan. Wewengkonna ngawangun hurup U atawa sapatu
kuda nu tepung jeung Samudra Hindia. Alam Ciletuh nu endah jeung matak hélok
téh moal anggeus sapoé dua poé pikeun ngurilingan jeung neuteup kaéndahanana,
sakurang-kurangna kudu tilu nepi ka opat poé pikeun kasugemaan ngalenyepan ieu
ciptaan Gusti Allah nu maha endah téh.
Geura
baé, aya amparan batu karang laut nu sakitu éndahna jeung aya sababaraha curug nu matak hook- eun. Urang tataan upama
urang rék ka Ciletuh, ulah kaliwat basisir Palangpang, nu mangrupa lawang asup
ka Ciletuh, tuluy aya Curug Marinjung, Curug Tengah, jeung Curug Dogdog. Urang
bisa ogé naék ka pasir, ti Puncak Darma nempo pamandangan ka handap nu sakitu
matak betah jeung mikagum teu béak-béak. Sing saha nu ulin ka Ciletuh gera
pasti bakal poho kana balik.
Tapi
omat, saha baé nu ulin ka Ciletuh atawa tempat wisata di Indonesia, ulah miceun
runtah sambarangan. Ulin téh kudu bari ngajaga alam sabudeureun, sangkan betah,
aman, beresih, jeung tetep asri. Kapan cenah, upama urang ngajaga alam, alam gé
bakal ngajaga urang tina bahayana.