Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Teks Narasi Sunda : Tempat Wisata Ciletuh

 


Tempat Wisata Ciletuh


Naha di antara hidep aya nu kungsi ngadéngé tempat wisata Ciletuh? Atawa kasohorna mah Géopark Ciletuh? Enya ieu téh tempat wisata anyar di Kabupatén Sukabumi. Ari perenahna aya di Kacamatan Ciemas Kabupaten Sukabumi. Disebut Géopark sotéh lantaran tina basa Inggris, mun di-basa-Sunda-keun mah taman alam batu Ciletuh. Ku naon pangna disebut taman alam batu, lantaran ceuk ahli géologi, ieu taman téh mangrupa wewengkon batu pangkahotna di Pulo Jawa.


Kaéndahan Ciletuh lir surga nu kakara kapanggih ku manusa. leu tempat téh asal-usulna dasar laut nu kaangkat jadi daratan. Wewengkonna ngawangun hurup U atawa sapatu kuda nu tepung jeung Samudra Hindia. Alam Ciletuh nu endah jeung matak hélok téh moal anggeus sapoé dua poé pikeun ngurilingan jeung neuteup kaéndahanana, sakurang-kurangna kudu tilu nepi ka opat poé pikeun kasugemaan ngalenyepan ieu ciptaan Gusti Allah nu maha endah téh.


Geura baé, aya amparan batu karang laut nu sakitu éndahna jeung aya sababaraha  curug nu matak hook- eun. Urang tataan upama urang rék ka Ciletuh, ulah kaliwat basisir Palangpang, nu mangrupa lawang asup ka Ciletuh, tuluy aya Curug Marinjung, Curug Tengah, jeung Curug Dogdog. Urang bisa ogé naék ka pasir, ti Puncak Darma nempo pamandangan ka handap nu sakitu matak betah jeung mikagum teu béak-béak. Sing saha nu ulin ka Ciletuh gera pasti bakal poho kana balik.


Tapi omat, saha baé nu ulin ka Ciletuh atawa tempat wisata di Indonesia, ulah miceun runtah sambarangan. Ulin téh kudu bari ngajaga alam sabudeureun, sangkan betah, aman, beresih, jeung tetep asri. Kapan cenah, upama urang ngajaga alam, alam gé bakal ngajaga urang tina bahayana.