Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Widget Atas Posting

Ringkesan Carita Mahabarata

 

Modul Pertemuan ka-dua

Materi Carita Wayang



RINGKESAN CARITA MAHABARATA

Pandawa jeung Kurawa

 

Prabu Pandu Dewanata téh hiji raja ti karajaan Astina. Anjeuna boga putra lima sadulur anu baris katelah Pandawa Lima, anu dilahirkeun ti dua istrina nya eta Déwi Kunti jeung Déwi Madrim. Éta Pandawa Lima ti nu panggedéna nepi ka pangleutikna téh nya éta; Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung SadéwaYudistira boga ngaran kanyaah atawa ngaran leutikna nya éta PuntadewaBima ngaran leutikna nya éta SénaArjuna ngaran leutikna téh Permadi, dilahirkeun ti ibu Déwi Kunti. Sedeng Nakula nu boga ngaran leutik Punten,  jeung Sadéwa nu boga ngaran leutikna Tangsen dilahirkeun ti ibu Déwi Madrim.

 

Hanjakal Pandu Déwanata tilar keur ngora kénéh, sarta barudakna masih laleutik. Alatan barudakna tacan bisa nyarekel kadali pamaréntahan pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara karajaan Astinapura, korsi pamaréntahan pikeun saheulaan dipasrahkeun ka Déstarata salaku lanceuk Pandu Déwanata. Jaga lamun palaputra Pandawa Lima geus sawawa, mangka Astinapura baris dipasrahkeun ka aranjeuna salaku pawaris hak tahta anu sah.

 

Déstarata téh pisikna teu sampurna, dua panonna teu ningali alias lolong. Salian ti éta, pamadeganana kurang kuat, gampang robah, gampang dihasut tur gampang diolo ku barudakna anu jumlahna saratus, katelah palaputra Kurawa. Ampir sakum palaputra Kurawa miboga watek goréng kayaning, hasud, sirik-pidik, sarakah, tukang bohong, tukang fitnah, jeung lian-lianna.

 

Rencana pamasrahan tahta Astinapura ka palaputra Pandawa putra Pandu kahalang ku Déwi Gandari salaku pamajikan Déstarata jeung salaku indung palaputra Kurawa. Déwi Gandari satekah polah lumaku kumaha carana sangkan tahta Astinapura téh jaga teu ragrag ka palaputra Pandawa salaku pawaris sah, tapi ragrag ka pihak Kurawa salaku palaputra manéhna. Ambisi Déwi Gandari dirojong ku adina nu ngaranna Harya Suman nu katelahna Patih Sangkuni, hiji patih di karajaan Astinapura. Patih Sangkuni boga pikiran yén sangkan tahta Astinapura bisa dicekel ku pihak Kurawa, mangka Pandawa Lima kudu disingkirkeun ti Karajan Astinapura.

 

Ti baheulana, Pandawa Lima sok leuwih punjul ti batan Kurawa. Boh tina kaparigelan maénkeun pakarang, kapunjulan kapribadian, tur élmu pangaweruh boh kabatinan atawa kanagaraan. Hal ieu ngalatarankeun mumusuhan di antara maranéhna leuwih ngebebela. Puntadéwa atawa Yudistira unggul dina widang sastra jeung kanagaraan, Bima punjul dina widang maénkeun gada, Arjuna punjul dina widang manah jeung élmu perang, sedeng Nakula-Sadéwa sanajan can sawawa punjul dina prilaku jeung kapribadian.

 

Bima nu dedeg pangadegna jangkung badag tur bedas tanagana, mindeng kelibet masalah jeung pihak Kurawa. Duryudhana jeung adina Dursasana ti pihak Kurawa pernah digampleng ku Bima alatan maranéhna nyieun gara-gara ka pihak Pandawa. Sok sanajan digulung dirempug dikoroyok ku duaan, tapi dina éta tarung téh angger Bima nu unggul. Ti harita Bima sok jadi sasaran kaceuceub-kageuleuh pihak Kurawa.

Hiji waktu, Bima nu pohara rampus daharna dibéré racun ku Kurawa dina kadaharannana. Sanggeus Bima kapiuhan, awakna tuluy dipiceun ka sumur Jalatunda anu eusina pinuh ku mangpirang oray nu matih peurahna. Ngan ku pitulungna Batara Dadungnala, Bima salamet tina bahaya pati. Malah, ti saprak harita Bima jadi kebal ku mangpirang baruang (racun) nu sakumaha matihna gé.

 

Sadar usahana nyingkahkeun Bima téh gagal, pihak Kurawa nyieun deui tarekah nyingkahkeun pihak Pandawa ku jalan ngaduruk balé Sigala-gala tempat sararé Pandawa sarta Ibu Déwi Kunti. Ngan éta tarekah gé gagal deui alatan Pandawa ditulungan ku Batara Naradha, Sang Hyang Antaboga, jeung Yama Widura.

Sangkan pacogrégan antara Kurawa jeung Pandawa teu terus lumangsung, para kokolot nu diluluguan ku Resi Bisma jeung Yama Widura méré tarekah ka Déstrarata sangkan Pandawa Lima dibéré leuweung geledegan nu katelah Wanamarta (Wana = Leuweung, Amarta = Ngaran éta leuweung). Éta bongbolongan téh disapukan atawa disatujuan ku Déstrarata, nya antukna Wanamarta dipasrahkeun ka Pandawa.

 

Alatan palaputra Pandawa mah punjul pisan dina sagala widang –kaasup widang Tata Nagara-, tur dibantuan ogé ku sawatara Déwa jeung sobat-sobat Pandawa, dina waktu nu singget maranéhna bisa ngarobah Wanamarta nu asalna leuweung geledegan jadi hiji nagara atawa karajaan kalawan dibéré ngaran karajaan Amarta, tur boga puseur dayeuh atawa ibukota nu dibéré ngaran Indraprasta. Beuki lila Amarta beuki maju. Karajaanna beuki gedé jeung kuat, sabab loba karajaan-karajaan leutik nu garabung ka Amarta.

Hal ieu ngabalukarkeun rasa ceuceub Kurawa ka Pandawa beuki mahabu. Antukna, pacogrégan dua pihak nu beuki gedé jaga di carita satuluyna bakal bubuara jadi perang rongkah antara Pandawa Lima jeung Kurawa, katelah Perang Bharatayuda di padang Kurusétra.


Post a Comment for "Ringkesan Carita Mahabarata"