Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Dongeng : Jurig Kamar Cai

CARITA ATAWA DONGENG
JURIG KAMAR CAI

 Unggal tabuh dualas peuting kuring sok lilir hayang kahampangan. Harita peuting jumaah. Kuring hudang, leumpang ka kamar cai. Ti tengah imah kénéh kadéngé aya nu ngagusrek jiga keur nyeuseuhan. Kuring di imah sorangan. Saha nu milu nyeuseuh peuting-peuting?

 Saumur-umur kuring can nempo jurig bungkeuleukan, cenah mah beungeutna pias jeung buukna ngaringkiwik, bilatung nyarelepot dina kulitna, seurina nyikikik, lamun nempo sukuna ngalayang tatéh teu ditarima ku bumi.

 Sora nu nyeuseuh terus kadéngé, kuring ngajajanteng. Ayeuna mah aya sora cai nyuruluk jiga nu keur ngaberesihkeun. Pasti jurig cai, pikir kuring. Nu tadina hayang kahampangan téh dumadak teu hayang. Balik deui wé ka kamar.

 Subuh lilir deui. Bener-bener hayang sacércéreun, satengah lumpat ka kamar cai. Teu inget peuting aya sora nu nyeuseuh. Cir wé. Barang inget, bulu punduk jadi carengkat. Luak-lieuk. Lanté jeung témbok garing, taya tapak céprétan cai. Dédéngéan wungkul kitu?

 Sabulan ti harita, kuring teu ngadéngé nanaon deui. Dina hiji poé, pabuburit kuring meresihan kamar cai ku sikat. Ngosék nepi ka harérang. Sakalian mandi. Brus. Nyabunan awak. Jorélat, jiga aya nu ngaliwat ka hareupeun. Olohok nyenyekel sabun. Luak-lieuk. Kep kana gagang sisiuk, nawu cai, dibanjur-banjurkeun kana awak. Gura-giru kaluar bari disamping anduk.

 Peutingna. Saméméh saré kuring kahampangan heula ngarah teu hudang tengah peuting.

 Salahna, saméméh saré  kuring nginum susu sagelas. Tengah peuting hudang. Keketeyepan bari ngadédéngékeun. Jempling. Asup ka dapur. Panto kamar cai nutup, leumpang beuki ngadeukeutan.

 Kucuprak...kucuprak, sora ti jero kamar cai. Randeg, kuring ngajanteng hareupeun panto. Gusrek...gusrek...perelet, jiga nu keur dipeureut. Kuring ngaléngkah mundur. Rekét... Panto méléngé. Tina sela nu méléngé kaciri usik-usikan. Kuring malikkeun awak, beretek ka kamar. Ngurubun awak ku simbut.

 Kuring teu betah cicing di imah nu digeugeuh ku mahluk séjén, teuing jurig teuing sabangsa jin, nu puguh mah di kamar cai ayaan. Teu mikir panjang, ku kuring imah di iklankeun dina lapak online, hargana dimurahkeun, duit ladang imah rék dijieun imah deui nu rada leutik tapi di tempat nu hégar, lain jiga nu di tempatan ayeuna: kénca kebon, katuhu astana, tukang gawir, hareup jalan tiiseun ku nu laliwat.

 Bakat ku hayang téréh kajual, di tempat gawé ogé kuring nanawarkeun imah ka babaturan. Euweuh nu daékkeun, keueung cenah nyarebutna téh, padahal ku kuring kakara ditémpokeun potona wungkul.

 Beuki dieu hawa imah beuki karasa euweuh dangiangan, unggal peuting kuring jarang bisa saré tibra, loba sora nu kadéngé ti dapur: sora panto muka, sora nu nyéréd korsi, nepi ka sora tingkelentréng jiga gelas-piring diaradu. Hayang nganggap ngan saukur dédéngéan, tapi sora-sora éta kadéngéna écés pisan ku ceuli kuring.

 Di kantor aya babaturan sapagawéan nu katajieun kana modél antik wangunan imah kuring, Caca ngaranna, tapi lain panyanyi dangdut. Manéhna hayang nempo langsung kana jeroan imah, ku kuring dihayukeun, malahan mah tawar gatra ngajak meuting. Manahoréng manéhna daékkeun meuting, majar téh hayang apal suasana imah lamun ti peuting. Mugia wé manéhna teu nempoeun nu anéh-anéh.

 Pasosoré, balik ti kantor kuring mawa Caca ka imah. “Seger nya hawana?” ceuk kuring. “Keur réhat mah cocog, komo anjeun mah geus boga kulawarga, pasti baretaheun,” kuring promosi.

 Caca unggut-unggutan. Gék diuk ngararasakeun hipuna korsi. “Jeung eusina harga sakitu téh, Di?” pokna.

 Kuring mawa kopi jeung dahareun ti dapur, song disuguhkeun. “Keur énté mah, baé. Ka batur mah moal mikeun.” Pijadieun jigana mah imah téh dijual, ngan kuring hariwang nyanghareupan peuting, inggis manéhna robah pikiran terus ibur ka batur.

 Wanci beuki nyérélék poék. Biasa kuring di imah sorangan pék ayeuna aya batur, rasa keueung nu biasa datang dina wayah peuting téh ayeuna mah jadi haneuteun. Uplek ngobrol, ngomongkeun pagawéan ogé ngomongkeun gosip nu aya di kantor. Teu karasa geus tabuh sapuluh, kuring jeung Caca merelek heuay. Kuring nganteur manéhna ka kamar tamu.

 Ka kamar cai jadi teu sieun, kahampangan gé teu rurusuhan, malahan kuring sempet héhéotan sagala. Pitibraeun saré téh, kuring nuruban awak ku simbut. Reup peureum.

 Saré kuring kahudangkeun ku sora nu ngetrokan panto. Ngoréjat. “Saha...?”

 “Dias...” sora Caca semu ngaharéwos.

 Turun tina ranjang, kuring gancang muka panto. Caca langsung asup ka jero kamar kuring. “Ari énté di imah sorangan?”

 “Enya...sorangan...?”

 “Di dapur aya sora nu keur masak!” pokna.

 “Masak?” kerung. “Euweuh sasaha.”

 Caca melong curiga, “Di imah ieu aya jurigan nya?”

 “Aéh, tong sagawayah nyarita téh,” ceuk kuring. “Hayu, buktikeun!”

 Kuring jeung Caca kalaluar ti kamar. Pangheulana kuring leumpang muru ka dapur, Caca nuturkeun. Ujug-ujug Caca ngarandég. Kuring ngalieuk, “Hayu bareng!”

 “Urang ngadagoan di dieu,” ceuk Caca.

 Kapaksa kuring sorangan. Ngajanteng hareupeun panto dapur, ngalieuk ka Caca, “Teu ngadéngé nanaon.”

 “Buka...!” Caca ngahayuhan.

 Gap leungeun kuring nyekel gagang panto, ceklék, dibuka lalaunan. Rekét... Brug, kuring nutupkeun deui panto.

 Leumpang nyampeurkeun Caca, “Euweuh nanaon. Dédéngéan wungkul tamah.”

 Caca unggut-unggutan. “Heueuh meureun. Saré deui ah,” ngaléos ka kamarna.

 Gancang kuring ogé asup ka kamar, ngurubun awak ku simbut. Sidik pisan tadi di dapur kuring ningali ... eukeur nukangan.

*JURIG KAMAR CAI Bag. 3*

 Isuk-isuk. Kuring jeung Caca arindit gawé, teu aya nu ngomongkeun ngeunaan imah. Pareng rék nepi kakara kuring nanya, “Kumaha? Jadi?”

 “Tapi mayarna nungtut nya?”

 Kuring ngahuleng, “Sabaraha heula?”

 “Sapuluh juta, sésana lima juta unggal bulan. Kumaha?”

 “Duh, geus dimurahkeun, mun bisa mah tong dicicil kitu.”

 “Ka batur heula wé atuh, mun euweuh ku urang nya?” ceuk Caca.

 Deal. Jual-beuli imah jeung Caca henteu tulus.

 Jam istirahat, kuring mariksa ponsél. Aya nu minat kana imah kuring dina lapak online. Manéhna nawar harga alus, ku kuring dibikeun harga 150 juta. Ngobrol dina telepon, awéwé, ngora kénéh tina sorana mah. Manéhna rék nyurpéy ka imah kuring isukan, bari mutuskeun jadi-henteuna, lamun jadi rék langsung dikontanan cenah.

 Teu sabar ngadagoan isukan. Balik ti kantor, kuring langsung mandi, teu wani mandi burit-burit teuing sanggeus nyaho di imah ayaan mah. Mandi gé jiga mandi meri, gura-giru dianduk, padahal kakara tabuh tilu tapi keueungna sarua jeung tengah peuting keur kaayaan normal.

 Dahar nu biasana sok dina méja makan dapur, geus pindah ka tengah imah bari lalajo TV. Masak jeung naheur cai geus tara di dapur, nyéréd kompor ka buruan, geus arasak dipindahkeun deui komporna ka jero.

 Wanci peuting. Kuring nempoan almenak, mun sakira-kira kaliwon, moal cicing di tengah imah, rék langsung ngaringkeb manéh di kamar soré-soré. Tétéla ping 13, salasa, kaliwon. Kuring asup ka kamar. Tampolong dina kolong ranjang geus sayagi, piparantieun.

 Ku lantaran soré kénéh, tabuh dalapan, pitunduheun téh can datang. Kuring muka youtube dina ponsél, néangan video nu matak pitunduheun. Manggih pilem nu latarna di basisir, nempo laut mah biasana sok tunduh, ku kuring diputer. Lila...loadingna, teu biasana. Sabar nungguan. Prung maén. Dina pilem nampilkeun tatangkalan nu harejo, tuluy wé nu katémbong téh tatangkalan. Mana tokohna? Euweuh sora euweuh musik. Jeung teu nempo basisir ti tadi, tatangkalan wé jiga di kebon. Asa anéh pilem téh. Ku kuring volumena digedéan, jempling kénéh. Ké...ke... Asa di kebon sisi imah nu aya dina pilem téh? Kamérana jiga nguriling tuluy pindah ka hiji tempat. Kuring ningali témbok jeung tunggul nu rentul. Makam...? Nyekel ponsél bari ngageter. Geuning pilem téh nampilkeun gambar di tempat kuring? Kamérana pindah deui. Nu ka témbong jiga di jero imah kuring, parabotna sararua. Korsi, lomari, méja, TV...saha nu milemkeun imah kuring kana youtube? Pindah ka dapur, dina layar nyampak hiji awéwé keur nukangan. Ujug-ujug sirahna muter 180 darajat, melong ka kuring, “Hiii hi hi hi hi...”

 Kuring ngalungkeun ponsél ka luhur, rup dikurubung simbut. Pré, sora ponsél ninggang lanté. Jep jempling.

 Pasti ruksak, nu rék meuli imah moal bisa ngahubungan, gerentes kuring. Ras inget kana jirim dina video, beungeutna sopak ... matana ngan aya hiji.

 Harita poé minggu. Kuring masih rapet dina kasur, neuteup ponsél nu ruksak, mikiran jurig nu aya dina video. Panon poé geus nyorot kana jandéla. Hudang, mareuman lampu, soloyong ka dapur. Luak-lieuk. Sanggeus mareuman lampu dapur, sup ka kamar cai. Sibeungeut.

 Ngawanikeun manéh masak di dapur, ngagoréng sangu diendogan. Ngagulah-galéh, panon manteng kana katél, sabab lamun nempo ka ditu-ka dieu inggis kawénéhan. Satengah asak goréng sangu dijait kana piring, geus kitu nyikeun cai kana gelas. Rigidig dibawa ka tengah imah, gék dina korsi. Hahhéhhoh. Bari lalajo TV, kuring mumuluk.

 Keur anteng mumuluk, aya mobil kijang eureun di hareup, gancang kuring mérésan piring. Mapagkeun nu datang. Hiji awéwé saumuran kuring turun tina mobil, buukna sapunduk, rupana geulis jiga artis.

 “Muhun ieu bumina Kang Dias?” pokna, bari imut.

 “Leres. Abdi Dias. Néng Noki nya?” kuring ngajak sasalaman.

 “Sumuhun,” masih pataréma leungeun. “Hapé Akang teu aktip nya?”

 “Reksak...tibeubeut.”

 “Oh, kitu?”

 Leungeun kuring jeung leungeun manéhna lésot. Kuring ngajak manéhna ka jero imah. Leungeunna nu lemes karasa kénéh.

 “Badé teras ningalan?”

 Manéhna unggeuk. Leuleumpangan. Kuring nunuturkeun. Lok ka kamar tamu, lok kapur, lok kamar cai. “Raoseun...baleresih,” pokna. Leumpang deui ka buruan tukang, “Palih dituna gawir?”

 “Muhun. Nanging da aman.”

 Kuring jeung manéhna ka tengah imah deui. Gék dariuk.

 “Badé ngaleueut naon?”

 “Hatur nuhun...moal lami.”

 Harita kénéh manéhna ngaduitan imah, kuring ogé langsung mikeun sertipikat.

 “Badé dilinggihan iraha?” tanya kuring.

 “Upami tiasa mah hoyong ayeuna da bumi tilas abdi tos badé ditempatan ku nu sanés.”

 “Oh, kitu?” Kuring kudu buru-buru indit. “Mangga, abdi gé da badé teras ngalih.”

“Akang...”  neuteup daria. “Abdi asa rada keueung. Ulah waka kamamana nya, réncangan heula di dieu sawengi mah. Tiasa teu?”

 “Lah...teu aya pikeueungeun ieuh.”

 Manéhna luak-lieuk, melong deui ka kuring.

 “Akang badé mérésan anggoan.” Sup ka kamar. Ngasup-ngasupkeun pakéan. Kuring ngalieuk ka tukang, manéhna nyampak keur ngajanteng di lawang. “Moal aya nanaon,” ceuk kuring, ngasupkeun baju hiji-hiji kana koper gedé. “Akang Mangtaun-taun nyalira, haneuteun wé. Teu aya pikeueungeun.”

 “Oh, kitu?” Noki ngaléos. Sora léngkahna kadéngé muru ka dapur.

 Sangkan téréh indit, kuring buru-buru ngasupkeun baju. Pakéan geus arasup kabéh. Bérés, jung nangtung. Nyéréd koper kaluar. “Néng... Akang mios ayeuna...!” ngageroan nu boga imah. Taya nu némbalan. “Néng Noki...?” weléh taya jawaban. Sugan keur di cai, kuring leumpang muru ka kamar cai, ngaliwatan dapur.

 Nyampak aya nu keur cindekul dina sisi témbok deukeut panto. Kuring ngarénjag. Sihoréng Noki keur diuk bari nyarandé, “N-Nuju naon?”

 Leungeunna nunjuk ka kamar cai bari ngadégdég.

  Lalaunan kuring ngarahkeun panénjo ka lebah kamar cai. Nyampak...