Contoh Teks Borangan : Juara 1 Borangan
CONTOH TEKS BORANGAN
GURU NGOBROL JEUNG KOLOTNA MURID
Assalamu’alaikum
Wr. Wb.
Boga budak
sakumaha ayana, kolot mah kudu narimakeun. Hayang budak kawas “Megan Fox” ari
borojol kawas “Megantropus”. Hayang kawas “Brithnispear” ari breh kawas “Beurit
Nispir”. Hayang kawas “Justin Biber” ari torojol jadi “Justin Bebel”,
tarimakeun ulah kalah diwiwirang. Keur mah kitu, ari ku batur disebut ABG (Asa
Beuki Goreng patut). Tetep kudu sabar.
Salain ti kolot,
nu kudu sabar teh nyaeta guru. Manggih murid rupa-rupa, nu kulimis jeung nu
koromod geus biasa. Aya nu matana cileuhan, irungna lehoan, ceulina congean,
kulitna
hapuran, sirahna kutuan, nepi ka organ tunggalna tongoan. Tapi ari nu ngaranna
guru mah minangka kolot di sakola, kudu narimakeun.
Sakabeh guru
kahayang mah murid teh cageur, bageur, jalingeur, bener, pinter, singer,
tata-titi, nastiti, sareng surti. Ulah sologoto, balata-boloto, bodo
katotoloyo, kodomoyo, adigung, culangung, harung-gampung, nurustunjung, sareng
linglung. Tapi ari di imahna unggal poe dahar jeung nu 4 sehat 5 seubeuh wae, mangrupa
sambel, kurupuk, tarasi, jeung lauk asin. Pagawean ngan saukur ngome HP.
Tungtungna mah di sakola teh boga panyakit B8 (Bodo, Belet, Butek, Biko,
Boloho, Boloto, Boloon, jeung Belegug). Nepi ka guruna ge ngan gawe istighfar
wae, teh kuat hayang ngahuapkeun.
Tapi sakumaha
gorengna ge murid, guru mah tong gaduh sifat sirik, pidik, jail, kaniaya, iren,
panastren, dudupak, rurumpak, ngumpat, simuat, teu kaopan, teu payaan, ujub,
takabur, nyaci, maki, pedit, linyok, dengdek, jeung bohongna. Salilana kudu sabar jeung
nyaah ka murid.
Wassalamu’alaikum
Wr. Wb.