Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Karasmen Adat Paturay Tineung

 


KARESMEN ADAT PATURAY TINEUNG

Bubuka

Prolog

Karesmen adat paturay tineung atikan kelas 6 SD ...... dikawitan ...

v Pirigan gending jiro

Prolog

Ahung- ahung ceuk nu beh ditu

Bismilah damel wiwitan

Muji sukur kanu Maha Agung

Muja kanu Maha Kawasa

Anu ngancik teu ngajirim

Nu luhung taya tungtungna

Akbar taya tandingna

Nyatana Kang Murbeng Alam Allah ajawajala

Di dieu di palataran SD ... anu katelah

Rek muka silokaning adat sunda

Sugan karasa nyundana

Nu mungkur mungguh rahayu

Nu miang mangka waluya

Sumangga urang kawitan

Panghayap pangbagea

Wa, wa Lenser mangga geura jejeran ...

 

v Pirigan Lengser midang

Lagu: Uwa  Lengser midang medengkreng

Nganggo udat- udat loreng

Taqwana hideung solantreng

Bijil ti lawang saketeng

Seja muka kariaan

Atikan nu bakal miang

Seja muka kariaan

Atikan nu rek amitan (mangga lagu tiasa ditambih atanapi dirobih syairna)

 

Rajah Lenser

Prolog

Reup angin eureun heula, ... kadieu rek aya beja ...

Jep sora simpe heula ,.. kadieu rek aya bagja

Reup panas iuh hela,.. kula rek boga bewara

 

Lenser sila

Pun sapun kanu Maha Agung

Nu midamel bumi langit

Pun sapun kanu Maha Agung

Nu midamel bumi langit

Pangeran raga jeung sukma

Neda pangaping pangjaring

Diraksa tina gogoda

Anu jisim anu jirim

Run turun jati rahayu

Rahayu waluya diri

Bagja dunya aheratna

Nu dipamrih masing bukti

Nu diseja mangka nyata

Waluya tur lohjinawi

Bul kukusna..... bray padangna

 

Payung, Umbul- umbul, mamayang kaluar

v Pirigan: Rumiang, Gending Catrik, Sireum Beurem (tiasa dipilih luyu sareng kahoyong atanpi tiasa ngagunakeun dua gending)

Saparantosna rengse anu nari, lajeng wa Lengser dihaturan ngahayap atikan nu bade amitan.

 

Prolog

Wa  wa Lengser mangga geura papag wawakil atikan nu bade amitan ka Bapa atanapi Ibu guru.

v Pirigan: catrik atanapi anu sanesna kumaha kahoyong.

(atikan dihaturan dugi ka panggung kanggo pamitan ka Bapa/ Ibu guru)

Prolog kanggo atikan sareng guru mangga didamel nyalira luyu sareng kahoyong.

Saparantosna atikan rengse amitan, lajeng Pupuhu Sakola nyanggakeun atikan ka sepuhna anu diwakilan ku Pupuhu Komite.

 

Prolog:

Sakitu anu kapihatur karesmen adat paturay tineung , mugia tawakufna anu kasuhun anu tinangtos masih seueur keneh kakiranganana.