Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Pangajaran 3 Sunda Usum-Usuman




USUM-USUMAN

 

Kompetensi Dasar

3.3 Memahami teks sederhana tentang cuaca dan musim (melalui teks Jagu, gambar tayangan video).

4.3 Menyajikan teks deskripsi sederhana tentang cuaca.

 

Tujuan Pembelajaran

Setelah selesai mempelajari materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan  dapat memahami teks sederhana tentang cuaca dan musim (melalui teks lagu, gambar tayangan video) serta dapat menyajikan teks deskripsi sederhana tentang cuaca.

 

Maca dina jero hate

USUM NGIJIH

Ayeuna téh bulan Januari. Ampir unggal poé hujan ngecrek ti isuk-isuk nepi ka peuting. Disebutna usum hujan atawa usum ngijih. Biasana usum ngijih téh dimimitian ti bulan Séptémber. Anu matak aya anu nyebutkeun, mun geus asup bulan berberan, geus pasti wé loba hujan. Eureun-eureun engké bulan Maret. Anu  matak sok disebutkeun, bulan Maret mah ret wé hujan téh eureun. Ditéma ku usum halodo.

 

Ayeuna mah henteu kitu. Aya kalana bulan Maret  ogé masih kénéh ngayer hujan. Cuaca téh geus hésé diteguhna. Eta téh lantaran aya parobahan iklim anu dilantarankeun ku beuki panasna hawa dunya. Hawa dunya beuki panas, lantaran pangeusina beuki gegek.

 

Usum hujan dianggap mawa berekah pikeun patani, Utamana mah anu marelak paré di sawah. Sawahna moal kakurangan cai. Hasil panénna ogé mucekil. Tapi sakapeung usum hujan ogé sok jadi musibat. Loba wewengkon anu kacaahan. Lamun geus kitu, sawah teu kaala hasilna, balong loba anu bedah, malah imah ogé loba anu kakeueum ku cai.

 

Teu di karnpung teu di kota éta téh, caah téh Matak riweuh saréréa. Malah ayeuna mah di kota-kota ogé sok aya caah anu dilantarankeun ku cileuncang, disebutna caah cileuncang.

 

2. Ngajawab Pananya

Pék ku hidep jawab!

1. Naon anu disebut usum ngijih téh?

2. Ti iraha mimitina usum loba hujan téh? Nepi ka iraha deui?

3. Kumaha ari kaayaan iklim ayeuna? Naon sababna?

4. Saha anu bungah ku datangna usum hujan téh?

5. Usum sokjadi musibat. Naon sababna?

 

Pancén 1

Pék caritakeun deui bacaan di luhur ngagunakeun basa hidep sorangan!

 

3. Ngapalkeun Harti Kecap

ngecrek = méh taya eureunna (hujan)

ngijih = usum hujan

halodo = usum euweuh hujan, usum katiga

iklim = kaayaan hawa jeung cuaca (di hiji wewengkon)

gegek = padet, loba pangeusina

barakah = 1. Cageur, teu kurang naon-naon; 2. Mangpaat (keur balaréa)

mucekil = loba, matak nyugemakeun (hasil usaha)

musibat = kacilakaan, papait

bedah = jebol, dobol

cileuncang = cai hujan anu nyangkrung dina taneuh, jalan, jsb.

 

Pancén 2

Sangkan leuwih maham kana kecap-kecap di luhur, pék eusikeun kana kalimah-kalimah di handap!

1.      Sapeupeuting hujan __________ jeung dor-dar gelap.

2.      Usum ___________ patani tara kakurangan cai.

3.      Usum ___________ loba walungan anu saat.

4.      Ayeuna mah ____________ di Ciparay gé geus robah.

5.      Di Cimenyan ogé lila-lila bakal ____________ padumukna.

6.      Muga-muga rejeki anu katarima ku urang sing _______________

7.      Hasil panén usum ayeuna mah _______________

8.      Euweuh jelerna anu hayang meunang lantaran kacaahan

9.      Balong Mang Kurdi _____________ lantaran kacaahan

10.  Caah _____________ téh lantaran kamalirna loba runtah.

 

4. Ngaregepkeun Pedaran Ngeunaan Usum-usuman

Di nagara urang mah usum-usuman téh ngan aya dua, nyaéta usum ngijih jeung usum halodo. Usum ngijih waktuna loba hujan, ari usum halodo waktuna euweuh hujan.

Salian ti éta aya deui usum mamaréng jeung usum mamaréng jeung usum dangdangrat. Usum mamaréng nyaéta usum panyelang antara usum ngijih jeung usum halodo. Dina usum mamaréng geus mimiti aya hujan, ngan can loba. Ari usum dangdangrat nyaéta usum panyelang antara usum hujan

jeung usum halodo. Dina usum dangdangrat hujan mimiti carang, lantaran rék nyanghareupan usum halodo.

 

Usum-usum anu ditataan di luhur téh raket patalina jeung iklim atawa cuaca. Aya deui usum anu patali jeung kaayaan di nnasarakat. Contona baé usum pagebug nyaéta usutn loba panyakit anu tépa. Ari usum  paila nyaéta usum sagala hésé, usum sagala werit, pangpangna mah hésé bahan kadaharan saperti paré atawa béas. Aya deui anu disebut usum panén, nyaéta usum sawah diala hasilna atawa dipanén anu aya di hiji wewengkon.

 

Bungbuahan deuih anu sok aya usumna téh.  Upamana baé usum kadu, usum rambutan, usum

manggu, jeung usum cengkéh. Henteu sakabéh bungbuahan aya usumna. Contona baé pala, sabab pala mah buahanana unggal waktu, hartina taya usumna.

 

Pancén 3

Di lembur hidep ogé tangtu ngalaman usum hujan, usum halodo, atawa usum panén. Kitu deui jeung usum bungbuahan. Bungbuahan naon anu aya di lembur  hidep? Enya tangtuna gé rupa-rupa. Bisa jadi aya rambutan, dukuh, léngkéng, salak, atawa kadu.

Tah, ayeuna pancén hidep kudu nuliskeun ngeunaan usum-usuman di lembur hidep sorangan. Eta mah rék anu patalina jeung iklim atawa bungbuahan, kumaha hidep baé. Teu kudu panjang-panjang, cukup dua atawa tilu paragraf baé.

 

Contona kieu:

USUM HUJAN

Upami usum hujan pakarangan bumi abdi sok caah ku cileuncang. Upami hujanna ageung mah sok lebet ka bumi. Atuh bumi abdi téh janten kalotor ku leutak. Abdi sareng pun adi kedah beberesih.

Nanging waktos usum hujan taun kamari mah henteu kitu. Sanaos hujan ngagebrét ogé cileuncang téh mung ukur ngaliwat. Sareng gampil nyerepna kana taneuh.

Ari margina, sateuacan usum hujan, warga di RW abdi kerja bakti meresihan kamalir anu aya di Sisi jalan. Runtah-runtahna dipiceunan, anu tos déét dijeroan deui. Teras ngadamelan lombang biopori. Anu mawi dina waktosna usum hujan téh, teu aya cileuncang anu nyalangkrung.

Pék pigawé saperti conto!

 

5. Mikawanoh Istilah Anu Aya Patalina jeung Usum-usuman

Pék apalkeun ku hidep!

tiis = hawa anu karasana tiris

hujan = cai nu ragrag ti langit

panas = hawa anu suhuna luhur, sabalikna tina tiis

hareudang = ngarasa panas kulantaran hawa anu suhuna luhur atawa sorot panonpoé

ngelekeb = panas lantaran rék hujan euweuh angin atawa di jero rohangan nu kurang liang hawana,

asa dikekeb

 

ceudeum = angkeub, langit poék lantaran rék hujan

cangra = langit béngras, taya pihujaneun

girimis = hujan leutik, miripis, ngeprul

gelap = gélédég, sora hawa anu dibeulah ku kilat

guludug = guruh, aweuhan sora gélédég (kadéngé ti kajauhan)

 

Pancén 4

Di handap aya kecap-kecap anu aya patalina jeung iklim dina kalimah, ngan kalimahna can nyusun. Pék susun ku hidep nepi ka jelas maksudna.

Conto:

panas - mah - Pangandaran - hawa

hawa Pangandaran mah panas

 

Pék pigawé saperti conto!

1.      tiis - Ciwidéy - hawana

2.      hujan - tadi - gedé - peuting

3.      laut - Sisi - di - panas - hawana

4.      poé - matak - tengah - hareudang

5.      gudang - jero - di - ngelekeb

6.      hujan - langit - rék - hujan

7.      cangra - langit - pihujaneun - taya

8.      geus - girimis -- kénéh - isuk

9.      kalapa - disamber - tangkal- gelap

10.  langit - sora - di - guludug - kadéngé