Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Tradisi Sunda : Kampung Cireundeu



Lembar Kerja Siswa

Materi Bahasan Tradisi Sunda

Pertemuan ka 1

 

 

Maca Wacana Pedaran

Ieu di handap wacana pedaran ngeunaan Kampung Cireundeu karya Ari Andriansyah. Pék baca ku hidep kalawan gemet nepi ka paham eusina!


Kampung Cireundeu

           

Wilujeng Sumping di Kampung Cireundeu Rukun Warga 10”, aksara latén jeung Sunda Kuna natrat dina gapura, mapag léngkah basa mimiti anjog ka tempatna téh. Padumukan katangén suhunanana, mudun ka handap. Da puguh kampung téh pernahna di léngkob, handapeun suku Gunung Kunci, Ciménténg, Gajahlangu, jeung Sayangkaak. Paeunteung-eunteung deuih jeung urut TPA Leuwigajah nu kungsi maragatkeun puluhan jiwa.

 

Pernahna mah di Kalurahan Leuwigajah, Kacamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi. Kaitung jauh ti puseur Kota Bandung mah, kira-kira 40 km laju ngulon. Merlukeun waktu perjalanan 1,5 nepi ka  2  jam. Éta gé lamun ngagunakeun kandaraan pribadi, sedeng kana umum mah leuwih lila ti sakitu. Da puguh kudu sababaraha kali ganti angkot. Ti Leuwipanjang mah naék angkot nu ka Cimahi, laju naék deui jurusan Cimahi- Leuwigajah, terus Cimahi-Cangkorah, jeung ditungtungan ku naék ojég sangkan nepi ka nu dituju.

 

Sabéngbatan mah Cireun- deu téh prah baé kawas kampung séjénna. Lebah kame- karanna gé sarua. Imah témbok ngajarengléng, atuh télévisi, radio, hapé, jeung barang éléktronik séjén gé geus lain barang anéh. Dina widang atikan gé kaitung maju, wuwuh réa nu sakola ka paguron luhur. Cindekna, tingkat ékonomina geus lumayan maju. Ngan nu matak narik, lian ti masarakatna masih kénéh nyekel pageuh tatali tradisi, kadaharan pokona gé lain béas, tapi sampeu (manihot esculenta crautz).

 

Nurutkeun katerangan, masarakat Cireundeu mimiti ngonsumsi sampeu ti taun 1918, mangsa Walanda keur ngajajah kénéh. Cenah, harita Cireundeu ngalaman paila nu matak nalangsana. Pikeun ngungkulanana, salah saurang sesepuh kampung néangan tarékah, nu satuluyna meunang pituduh sangkan ulah ngadahar kadaharan tina béas. Nya nyobaan ganyol, taleus, jeung hajeli pikeun gantina. Tapi teu kuat lila, nu antukna pindah kana sampeu nepi ka kiwari. Pantes rék kituna téh, da puguh Cireundeu mah wewengkonna kurang cocog pikeun nyawah. Malah cenah lamun melak paré, komo nincak katiga, sok gagal waé, cai téh ngadak-ngadak saat.

 

Teu nanaon teu boga huma asal boga paré, teu boga paré asal boga  béas,  teu boga  béas  asal  ngéjo, teu ngéjo asal dahar, teu dahar asal hirup, mangrupa palsapah Cireundeu dina mertahankeun hirup ku jalan néangan alternatif kadaharan pokok (béas) ku sampeu. Mémang ngadahar sangu lain pantrangan, tapi wuwuh geus jadi kabiasaan kana sampeu, cenah, kiwari masarakatna loba nu jarijipen, malah loba nu nyareri beuteung lamun geus ngadahar sangu téh.

 

Tugas

Tina bacaan di luhur, analisis tujuh (7) unsur kabudayaan, pigawé dina kertas salembar!