Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Carita Sajarah Penciptaan Dunya Wayang

 


Modul Pertemuan ka-hiji

Materi Carita Wayang

 

 

Carita sajarah penciptaan dunya wayang

 

Di Kahiyangan tempat cicingna Hyang Tunggal anu boga pamajikan anu ngaranna Déwi Rekatawati. Hyang Tunggal bangun anu bungaheun sabab Déwi Rekatawati keur kakandungan pikirna sakeudeung deui boga budak. Dina waktuna kabungah Hyang Tunggal teu kalaksana sabab Déwi Rekatawati teu ngalahirkeun budak tapi hiji endog. Hyang Tunggal ambek éta endog ku Hyang Tunggal dipepeskeun nepika jadi tilu bagian, tina kulit endog jadi hiji orok anu dingaranan Hyang Antaga, kokonéngna jadi hiji orok anu dingaranan Hyang Manikmaya, jeung bobodasna jadi hiji orok anu dingaranan Hyang Ismaya.

 

Saenggeus sawawa Hyang Antaga jeung Hyang Ismaya paséa marebutkeun kakawasaan anu ditinggalkeun ku Hyang Tunggal, ku sabab kasaktianana saimbang jadi euweuh anu éléh, ku kasarakahanana Hyang Antaga jeung Hyang Ismaya diturunkeun ka alam dunya sarta robah wujudna, Hyang Antaga turun ka alam dunya robah jadi hiji mahluk siga jalma tapi biwirna gedé jeung jebléh dibéré ngaran Togog boga pancén pikeun ngaping kaum Danawa jeung Kurawa kitu ogé Hyang Ismaya diturunkeun ka alam dunya, robah jadi hiji mahluk anu sarupa jeung manusa tapi beuteungna bureuteu tur awakna hideung sarta dingaranan Semar Badranaya anu boga pancén pikeun ngaping jeung ngadidik putra turunan Pandu nyaéta Pandawa. Hyang Manikmaya dibéré kalungguhan jadi pangawasa di Kahiyangan ngagantikeun Hyang Tunggal sarta boga jujuluk Batara Guru.