17 Pupuh Basa Sunda dan Liriknya Lengkap

17 Pupuh Basa Sunda beserta Liriknya Lengkap
Pupuh nyaéta mangrupa
ugeran anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta
patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan) sarta lobana
engang (suku kata) dina unggal padalisan. Guru lagu nyaéta patokan sora vokal
dina tungtung unggal padalisan atawa sora vokal dina engang panungtung.
Pupuh Sunda kabéhna aya
tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar ageung, nyaéta Kinanti, Sinom,
Asmarandana, jeung Dangdanggula. Nu kaasup sekar alit nyaéta Balakbak, Durma,
Gambuh, Gurisa, Juru demung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil,
Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal pupuh miboga ugeran guru wilangan
jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan.
1. Pupuh Asmarandana
Watek pupuh asmarandana,
nyaéta ngagambarkeun rasa kadeudeuh, kasih, sareng kanyaah. Padalisan pupuh
asmarandana aya 7 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh asmarandana,
nyaéta 8i, 8a, 8o/e, 8i/a, 7i/a, 8u, jeung 8a.
Conto pupuh asmarandana:
Piwuruk
Sepuh
Ngariung di tengah bumi
(8i)
Pun biang sareng pun
bapa (8a)
Jisim abdi diuk mando
(8o)
Husu ngupingkeun pituah
(8a)
Piwejang ti anjeunna
(7a)
Pituduh laku rahayu (8u)
Piwejang sangkan waluya
(8a)
2. Pupuh Balakbak
Watek pupuh balakbak,
nyaéta ngagambarkeun heureuy atanapi banyol tapi sopan. Padalisan pupuh
balakbak aya 3 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh balakbak, nyaéta
12+3é, 12+3é, jeung 12+3é.
Conto pupuh balakbak:
Dayeuh
Bandung
Dayeuh Bandung kiwari
teuing ku rame, arahéng (12+3é)
Gedong-gedong
pajangkung-jangkung wangunanna, alagréng (12+3é)
Tutumpakan-tutumpakan
balawiri lalar liwat, garandéng (12+3é)
3. Pupuh Dangdanggula
Watek pupuh
dangdanggula, nyaéta ngagambarkeun kabungahan sareng kasugeman. Padalisan pupuh
dangdanggula aya 10 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh
dangdanggula, nyaéta 10i, 10a, 8e/o, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, jeung 7a.
Conto pupuh
dangdanggula:
Milang
Kala
Dinten ieu éstu bingah
ati (10i)
Ku jalaran panceg milang
kala (10a)
Kenging kurnia ti Alloh
(8o)
Rehing nambihan umur
(7u)
Tepung taun usum sim
abdi (9i)
Heunteu weleh neneda
(7a)
Ka Gusti nu Agung (6u)
Malar umur téh mangpa’at
(8a)
Tebih bahla turta
pinarinan rijki (12i)
Sumujud ka Pangéran (7a)
4. Pupuh Durma
Watek pupuh durma,
nyaéta ngagambarkeun nu gedé harepan. Padalisan pupuh durma aya 7 padalisan.
Guru wilangan jeung guru lagu pupuh durma, nyaéta 12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a,
jeung 7i.
Conto pupuh durma:
Lemah Cai
Nagri urang katelah
Indonesia (12a)
Di riksa tur di jaring
(7i)
Sumirat komarana (6a)
Berkahna Pancasila (7a)
Ageman eusining nagri
(8i)
Yu sauyunan (5a)
Ngawangun lemah cai (7i)
Pupuh Gambuh
Watek pupuh gambuh,
nyaéta ngagambarkeun kanyeri, kasusah, jeung kasedih. Pupuh gambuh miboga 5
padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh gambuh, nyaéta 8u, 8u, 8i, 8a/u,
jeung 8a/o.
Conto pupuh gambuh:
Kaduhung
Kaduhung sagedé gunung
(8u)
Kuring sakola teu jucung
(8u)
Lalawora resep ulin (8i)
Hanjakal tara ti heula
(8a)
Ayeuna kari peurihna
(8a)
6. Pupuh Gurisa
Watek pupuh gurisa,
nyaéta ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung. Pupuh gurisa miboga 6
atawa 8 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh gurisa, nyaéta 8a, 8a,
8a, 8a, 8a, 8a (+8a, 8a).
Conto pupuh gurisa:
Si
Kabayan
Si Kabayan lalamunan
(8a)
Pangrasa bisa nyetiran
(8a)
Motor atawana sédan (8a)
Poho keur
eundeuk-eundeukan (8a)
Na dahan emplad-empladan
(8a)
Gujubar kana susukan
(8a)
7. Pupuh Juru Demung
Watek pupuh juru demung,
nyaéta ngagambarkeun bingung ku kalakuan sorangan. Pupuh juru demung miboga 5
padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh juru demung, nyaéta 8a, 8u, 6i,
8a, jeung 8u.
Conto pupuh juru demung:
Adigung
Lolobana mungguh jalma
(8a)
Embung hina hayang agung
(8u)
Hayang hirup mukti (6i)
Tapina embung tarékah
(8a)
Tinangtu mo bakal
nanjung (8u)
8. Pupuh Kinanti
Watek pupuh kinanti,
nyaéta ngagambarkeun nungguan bari pinuh pangharepan jeung kanyaah. Pupuh
kinanti miboga 6 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh kinanti, nyaéta
8u, 8i, 8a, 8i, 8a, jeung 8i.
Conto pupuh kinanti:
Kanyaah
Indung
Kanyaah indung mo suwung
(8u)
Lir jaladri tanpa tepi
(8i)
Lir gunung tanpa tutugan
(8a)
Asihna teuing ku wening
(8i)
Putra téh di dama-dama
(8a)
Di anggo pupundén ati
(8i)
9. Pupuh Ladrang
Watek pupuh ladrang,
nyaéta ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran. Pupuh ladrang miboga 4
padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh ladrang, nyaéta 10i, 4a, 8i,
jeung 12a.
Mokahaan
Aya hiji anak bangkok
leutik (10i)
Mokahaan (4a)
Maksudna ngéléhkeun sapi
(8i)
Nahan nafas antukna bitu
beuteungna (12a)
10. Pupuh Lambang
Watek pupuh lambang,
nyaéta ngagambarkeun nu resep banyol nu aya pikiraneunana. Pupuh lambang miboga
8 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh lambang, nyaéta 8a, 8a, 8a,
8a, 8a, 8a, 8a, jeung 8a.
Conto pupuh lambang:
Wawangsalan
Dialajar wawangsalan
(8a)
Saperti tatarucingan
(8a)
Cik naon atuh maksudna
(8a)
Teangan naon wangsalna
(8a)
Gedong ngambang di
sagara (8a)
Ulah kapalang diajar
(8a)
Keuyeup gedé di lautan
(8a)
Kapitineung salawasna
(8a)
11. Pupuh Magatru
Watek pupuh magatru,
nyaéta ngagambarkeun sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, jeung mapatahan.
Pupuh magatru miboga 5 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh magatru,
nyaéta 12u, 8i, 8u, 8i, jeung 8o.
Conto pupuh magatru:
Kasar-Lemes
Dupi irung lemesna téh
nya pangambung (12u)
Pipi mah disebat damis
(8i)
Upami buuk mah rambut
(8u)
Ceuli sok disebat cepil
(8i)
Kasarna angkeut mah gado
(8o)
12. Pupuh Maskumambang
Watek pupuh
maskumambang, nyaéta ngagambarkeun kanalangsaan, sedih beuri ngenes haté. Pupuh
maskumambang miboga 4 padalisan. Guru wilangan
jeung guru lagu pupuh maskumambang, nyaéta 12i, 6a, 8i, jeung 8a.
Conto pupuh
maskumambang:
Budak
Harak
Anak manuk dikatepel
budak harak (12i)
Jangjangna geutihan (6a)
Rék hiber teu bisa usik
(8i)
Duh manusa kaniaya (8a)
13. Pupuh Mijil
Watek pupuh mijil,
nyaéta ngagambarkeun kasedih tapi beri gedé harepan. Pupuh mijil miboga 6
padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh mijil, nyaéta 10i, 6o, 10é, 10i,
6i, jeung 6u.
Conto pupuh mijil:
Nungtut
Élmu
Najan cicing nya di
tepiswiring (10i)
Kadé ulah bodo (6o)
Kudu tetep nungtut élmu
baé (10é)
Sabab jalma nu loba
pangarti (10i)
Hirup tangtu hurip (6i)
Mulus tur rahayu (6u)
14. Pupuh Pangkur
Watek pupuh pangkur,
nyaéta ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
Pupuh pangkur miboga 7 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh pangkur,
nyaéta 8a, 12i, 8u, 8a, 12u, 8a, jeung 8i.
Conto pupuh pangkur:
Ka
Sakola
Seja miang ka sakola
(8a)
Rék diajar nambahan élmu
pangarti (12i)
Pigeusaneun bekel hirup
(8u)
Sabab mungguhing manusa
(8a)
Kudu pinter beunghar ku
élmu panemu (12u)
Komo jaman pangwangunan
(8a)
Urang kudu singkil bakti
(8i)
15. Pupuh Pucung
Watek pupuh pucung,
nyaéta ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu
panuju haté. Pupuh pucung miboga 4 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu
pupuh pucung, nyaéta 12u, 6a, 8i, jeung 12a.
Conto pupuh pucung:
Tatakrama
Mangka inget tatakrama
sopan santun (12u)
Tanda jalma iman (6a)
Nyarita jeung amis budi
(8i)
Da basa mah lain barang
anu mahal (12a)
16. Pupuh Sinom
Watek pupuh sinom,
nyaéta ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh, jeung sumanget. Pupuh sinom miboga
9 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh sinom, nyaéta 8a, 8i, 8a, 8i,
7i, 8u, 7a, 8i, jeung 12a.
Conto pupuh sinom:
Tatar
Sunda
Tatar Sunda éstu éndah
(8a)
Lemah cai awit jadi (8i)
Sarakan asal gumelar
(8a)
Amanat Ilahi Robbi (8i)
Titipan nini aki (7i)
Wajib dijaga dijungjung
(8u)
Basa katut budayana (7a)
Padumukna luhung budi
(8i)
Insya Allah tatar Sunda
karta harja (12a)
17. Pupuh Wirangrong
Watek pupuh wirangrong,
nyaéta ngagambarkeun nu kawiwirang, éra ku polah sorangan. Pupuh wirangrong
miboga 6 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh wirangrong, nyaéta 8i,
8o, 8u, 8i, 8a, jeung 8a.
Conto pupuh wirangrong:
Sieun
Doraka
Kuring moal deui-deui
(8i)
Gaduh panata nu awon
(8o)
Ngabantah nu jadi indung
(8u)
Sieun dibendo ku Gusti
(8i)
Kawas dalem boncél téa
(8a)
Doraka ti ibu rama (8a)