Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Contoh Pewara Pengajian Ku Bahasa Sunda




Pewara Kegiatan Keagamaan
Contoh Pewara Pengajian atau Pangaosan ku Bahasa Sunda
Untuk Moderator

Ka ibu-ibu, hadirin/hadirot anu parantos sumping atanapi anu masih aya keneh di luar mangga dihaturanan linggih ka ieu patempatan, kumargi acara bade di kawitan.

ASSALAMU’ALAIKUM Wr. Wb
Alhamdulillah, alhamdulillahirobbil’alamin, wassolatu wassalamu’ala asrofil anbiyaiwalmursalin, wa’alaalihi wasohbihii ajmain, ammaba’du
Anu dipihormat Pupuhu Kelurahan Karsamenak
Ketua DMI Kelurahan Karsamenak anu dipihormat
Ketua DKM Kelurahan Karsamenak anu dipihormat
Ketua RW, Ketua RT, Ketua DKM RW 21 anu dipihormat
Hadirin/hadirot rohimakumuwloh ahli pangaosan anu dipihormat

Kanggo ngawitan ieu acara teu sanes urang munajat manjatkeun puji sinareng syukur kanu Maha Agung, anu parantos maparinan mangpirang-pirang kanikmatan, utamina nikmat iman miwah nikmat islam, pon kitu deui urang sadaya danget ieu masih dipaparinan yuswa kalayan dina kaayaan sehat walafiat. Mugia kanggo salamina.

Solawat sinareng salam paneda mugia salamina ginuluran ka jungjunan urang sadaya, Habibana wa Nabiyana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargana, sohabatna, para tabiin, tabiatna oge ka sadaya umatna anu tetep istiqomah tug dugi ka yaumul akhir.

Kalayan miharep rido manten-Na, oge pidua anu kasuhun mugia pangaosan ayeuna aya dina kalancaran, Aamiin ya Robbal’alamin
Kukituna manga ieu acara urang buka ku maoskeun Basmallah sasarengan
Bismillahirohmanirrohim .

Kanu rawuh mugia maphum, ka jurung mancen garapan jadi panumbu laku, pangjajap acara, peryogi ngadugikeun rundayan acara anu bade kasanggakeun.

Munggaran mangrupi bubuka, dideudeul ku pangaosan ayat suci Al-quran ditema ku solawat. Kanggo ngebrehkeun urang mahluk anu lemah, salawasna urang neneda ka nu Maha Kawasa, baris dirangkum dina acara Tawasul. Ditema ku Biantara pangbagea ti Pupuhu Lembur kasebat Ketua RW 21 Sukahening Wetan. Disambung ku Ketua DMI Kelurahan Karsamenak Kecamatan Kawalu. Mangrupi acara poko nyaeta tausiah, kalayan dipungkas ku do’a

Pa Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring di pihormat acara salajengna mangrupi pangaosan Ayat Suci Al-quran.
Kanggo pangaosan Ayat Suci Al-quran baris diaoskeun ku kersana Teh Tati Susilawato, ka The Tati Susilawati, dihaturanan !
Ngahaturkeun nuhun ka Teh Tati anu parantos maoskeun Ayat Suci Al-quran, mugia diaoskeun Ayat Suci Al-quran janten nambih-nambih kataqwaan oge kaimanan urang.

Acara salajengna mangrupi Tawasul, anu bade di pinpin ku Ajeng Oman Paturohman, salaku ketua DKM RW 21 Sukahening Wetan. Ka pa Oman di haturanan.
Hatur timpah nuhun ka pa Oman anu parantos mingpin tawasul, mugia Alloh ngobulkeun sagala paneda urang sadaya.

Hadirin rohimakumulloh, rumaos janten pribumi, seja ngabageakeun ka sadaya, ku keda pangbagea, anu bade didugikeun ku Ketua RW 21 Sukahening Wetan, ka Bpa Syarif Hidayat, dihaturanan.
Pangdeudeul ieu acara taya sanes ku kersana Pupuhu DMI Kelurahan. Kukituna kanggo pangdeudeulan ieu acara dihaturanan Pangersa Ajengan Ulum salaku Ketua DMI Kelurahan Karsamenak. Ka pengersa Ajengan Ulum dihaturanan.
Hatur timpah nuhun ka Pangersa Ajengan Ulum anu parantos ngadugikeunsambutannana anu teu kinten jentrena.

Kanggo pangreugreug  oge wejangan ka urang sadaya, mangrupi  indung catur ieu acara nyaeta Tusiah anu bade kadugikeunku Al Ustad Asep Sudarsono alias Asep Astri. Ka pa Asep dihaturanan.
Hatur timpah nuhun ka Pa Asep anu parantos ngadugikeun tausiahna, mudah-mudahan urang tiasa ngamalkeunana dina kahirupan sadidinten, aamiin.

Mangrupi rasa syukur ka Maha Ngatur ieu acara urang pungkas ku du’a, Insya Alloh ieu du’a baris dijejeran ku Pangersa Ketua MUI Kelurahan Karsamenak Kecamatan Kawalu. Ka pangersa Ajengan Asep dihaturanan.
Ngahaturkeun nuhun ka Pangersa Ajengan Asep anu parantos mingpin du’a, mudah-mudahan du’a urang dikobul ku Alloh SWT, aamiin

Acara ti acara parantos rengse, kalayan lancar. Hapunten anu kasuhun tina panampian oge tindak tanduk sim kuring sadaya, mugia di maphum, sakitu anu kapihatur manga ieu acara tutup ku aosan hamdallah sasarengan.