Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Puisi Sunda : Ulin



Puisi Sunda / Sajak Sunda
ULIN

Ti isuk jedur nepi ka sore jeder
Ulin samangsa keur pere sakola
Suka bungah jeung babaturan
Kalan-kalan poho kana wanci
Sakapeung kawajiban diculkeun

Ulin lain teu meunang
Ngan ulah kaleuleuwihi
Aya mangsana pikeun ulin
Aya waktuna nohonan kawajiban ka Gusti
oge aya waktuna ngabantuan pagawean kolot

Kade ah,
Ulin teh tong jarambah
Komo kamalinaan