Dongeng : Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Cau
DONGENG SUNDA
DONGENG FABEL
SAKADANG KUYA
JEUNG SAKDANG MONYET NGALA CAU
SAWATARA
bulan ti harita, pelak cau Sakadang Kuya téh geus baruahan, malah geus arasak.
Mimiti kanyahoanana ku Sakadang Monyét. Atuh Sakadang Monyét téh hariweusweus
nyaritakeun tangkal cau téa ka Sakadang Kuya.
“Ieuh, geuning tangkal cau téh geus buahan.
Buahna ogé geus karonéng deuih,” ceuk Sakadang Monyét
“Piraku Sakadang Monyét?”
“Sumpah. Pan bieu uing ngaliwat ka dinya. Kudu
buru-buru diala, bisi kaburu ku cocodot!”
“Heug, isukan mah urang ala.”
“Keun uing anu ngalana mah, urang taékan.
Sakadang Kuya mah cicing wé di handap, da teu bisa naék. Ngan uing ménta nya,
apan uing anu ngalana, jeung uing deuih anu pangheulana nganyahoankeun geus
asakna ogé! Kuduna mah dibagi dua.”
Sakadang Kuya
ukur nyenghél ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Teu némbal.
Peutingna,
soré kénéh Sakadang Monyét geus saré. Jigana mah capéeun, lantaran beurangna
geus liar jauh. Ari Sakadang Kuya mah masih kénéh nyileuk. Keur kitu kadéngé
Sakadang Monyét ngalindur, “Isukan uing rék ngala cau. Cauna rék dibawa kabur,
Sakadang Kuya mah moal dibéré. Bongan tuda, basa éta gé nangka dibéakkeun ku
sorangan.” Tayohna mah Sakadang Monyét téh neuteuli soal nangka téa, nepi ka
kababawa ngalindur.
Ngadéngé
kitu, Sakadang Kuya ngahuleng. Mikiran kumaha carana sangkan isukan cauna
henteu dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Manéhna manggih akal. Belenyéh seuri
sorangan. Manéhna nyokot koja. Tuluy éta koja téh dibolongan handapna. Anu
bolongna téh dianyamkeun deui, tapi anyamanana padu némpél, nepi ka teu
katingali geus dibolongan. Geus kitu mah, dug baé Sakadang Kuya saré.
Isukna,
kira-kira wanci haneut moyan, Sakadang Monyét ngajak ngala cau téa ka Sakadang
Kuya.
“Sakadang
Kuya, hayu urang ngala cau téa!”
“Hayu. Tah, bawa atuh kojana ku Sakadang
Monyét, keur wadahna. Pan anjeun anu rék ngalana ogé, uing mah teu bisa
naékna.”
“Heueuh, ka dieu urang bawa ku uing,” ceuk
Sakadang Monyét. Koja téh disalindangkeun.
Duanana
leumpang antaré naker. Sakadang Monyét mah katénjona téh bungah pisan.
Paromanna marahmay, malah maké jeung hahariringan sagala. Boga rasa, manéhna
bakal meunang milik anu kacida lobana. Sakadang Kuya mah moal dibéré.
Barang tepi
ka nu dijugjug, enya baé cau téh geus arasak. Komo seuhangna mah, geus
karonéng. Anu katénjo héjo kénéh téh, butitina wé.
Teu ngadagoan
dititah heula, kalacat wé Sakadang Monyét naék kana tangkal cau. Tuluy baé
metikan cau anu geus arasakna. Sanggeus dipetik, terus diadupkeun kana koja.
Atuh puguh wé cau téh murag, lantaran handapna geus dibolongan téa ku Sakadang
Kuya. Cau anu murag téh disanggap ku Sakadang Kuya. Sanggeus dibuka cangkangna,
belewek baé didahar.
Sakadang
Monyét mah tonggoy baé metikan cau. Petik, sup kana koja, pluk murag. Kitu
jeung kitu baé. Sakadang Monyét teu nyahoeun, da teu rurat-rérét ka handap.
Bakating ku hayang buru-buru anggeus ngala cauna.
Bari
ngaweswes ngadaharan cau, Sakadang Kuya api-api ngurihit ménta cau ka Sakadang
Monyét.
“Jang, cik atuh ménta cau téh. Hijiii wé. Uing
mah meni hayang ngasaan!”
Sakadang
Monyét teu némbalan. Malah teu ngalieuk-lieuk acan.
“Emh, Sakadang Monyét mah teu inget wé ka uing
téh!”
Sakadang
Monyét hare-haré.
Barang cau
anu arasakna geus béak, Sakadang Monyét tuturubun turun tina tangkal cau.
Maksudna rék mawa kabur cau arasak, anu pangrasana mah aya dina kojana.
Deregdeg baé lumpat, térékél naék kana tangkal anu jangkung. Clé diuk dina
dahanna anu luhur. Leungeunna ngodok koja rék nyokot cau. Cauna euweuh. Barang
eusina diilikan, Sakadang Monyét ngajéréwét kagét, lantaran kojana kosong.
Beuki kagét barang ningali koja téh handapna bolong.
Rét ka
handap, katingali Sakadang Kuya keur nyarandé kana tangkal cau bari nyekelan
beuteung. Kamerekaan lantaran loba teuing ngadahar cau. Di sabudeureunana
cangkang cau meni ngabayak.
Sakadang
Monyét buru-buru turun tina tangkal, tuluy nyampeurkeun Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, ménta cauna atuh!”
“Tah, aya hiji deui!” ceuk Sakadang Kuya bari
nuduhkeun kana cau anu ngagolér.
“Maenya ngan hiji!” ceuk Sakadang Monyét
nyereng.
“Ih, apan anu
naékna gé Sakadang Monyét, uing mah ngan mulungan anu maruragna wungkul,”
témbal Sakadang Kuya, bari angger ngusapan beuteungna anu mutiktrik.
Cau téh
dicokot, tuluy didahar ku Sakadang Monyét. Puguh baé ngeunah, cau raja ceré,
asak dina tangkal deuih.
Sakadang
Monyét kacida keuheuleunana ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sobat
baé!” pokna bari terus indit.
Sakadang
Monyét pundung deui. Indit ka jero leuweung, ninggalkeun Sakadang Kuya.