Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Soal PTS Basa Sunda Kelas I Semester Genap


I.     cakra ( x ) aksara a, b atawa c dina jawaban nu bener!
1.        bapa/ibu guru keur ngajar di . . . .
a.    perpustakaan
b.    kelas
c.    kantin
2.        murid kedah tumut ka . . . .
a.    tukang dagang
b.    guru
c.    tatangga
3.        nu kaasup kalimah ménta idin . . . .
a.    bu nyuhunkeun artos
b.    bu badé angkat ka pasar
c.    bu nyuhunkeun widi
4.        bu nyuhunkeun widi abdi badé maca di . . . .
a.    kantin
b.    perpustakaan
c.    lapang
5.        di pasar mah seueur nu . . . .
a.    balanja
b.    ameng
c.    jalan-jalan
6.        wangsul ti pasar téh . . . tumpak délman
a.    badé
b.    érék
c.    édék
7.        supados énggal mios téh badé nganggo . . . .
a.    sepédah                       c. mobil
b.    kéréték






8.        abdi moal tiasa ngiring . . . basa sunda
a.    diajar
b.    ameng
c.    ngéjah
9.        abdi sakola di sd . . . .
a.    cicaheum
b.    cicadas
c.    sukaménak indah
10.    jeung dulur téh kudu . . . .
a.       akur
b.      harak
c.       baeud

II.   eusian titik-titik ieu di handap!
11.  guru nuju ..……………….. di kelas
12.  lamun guru nuju nerangkeun, murid kedah . . . …………
13.  urang kedah rajin maca . . . .
14.  bu nyuhunkeun ..………………. abdi badé ka bumi nina
15.  maman keur maén bal di . . . .
16.  barudak keur diajar ngaji di . . . .
17.  pun bapa .……………………. janten pulisi
18.  abdi mah lamun ka sakola sok nganggo sepédah supados teu. . . . . .
19.  ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi . . . .
20.  caringcing pageuh kancing, saringset pageuh . . . .


Kunci Jawaban:
1.        B
2.        B
3.        C
4.        B
5.        A
6.        A
7.        A
8.        A
9.        C
10.    A
11.    Ngajar
12.    Ngabandungan
13.    Buku
14.    Widi
15.    Lapang
16.    Masjid atawa madrasah
17.    Damelna
18.    Kasiangan
19.    Salebak
20.    Iket