Bobodoran Anak Jeung Bapa
ANAK JEUNG BAPA KEUR NGOBROL DI HAREUPEUN IMAHNA BARI NGANGIN*
*Anak*:
Pa, kumaha carana ngasupkeun gajah kana kulkas ?
*Bapa*:
Nya moal bisa... piraku gajah diasupkeun kana kulkas.
*Anak*:
Wadduuh... Bapa piraku kitu wae teu bisa...
*Bapa*:
Ari kitu sia bisa ngasupkeun gajah kana kulkas ? Kumaha coba..?.
*Anak*:
Nyaa gampang Pa, carana Gajahna ditewak.., bukakeun panto kulkasna.., terus asupkeun gajahna tutup kulkasna, beres...
*Bapa*:
Atah adol siah... otak nyaneh koclak... ngan kitu hungkul?
*Anak*:
Nya kitu carana ngasupkeun gajah kana kulkas. Deui nya pa.. ayeuna kumaha carana ngasupkeun sapi kana kulkas?
*Bapa*:
Ha ha ha ha..
Tatarucingan nu kieu mah dijawab bari peureum... nya gampang.. sapina ditewak, bukakeun kulkasna... sapina langsung diasupkeun kana kulkas terus ditutup, kitu nya???
*Ana*:
Hahaha.. Bapa bari peureum sagala.. Salah pa teu bisa...
*Bapa*:
Geuning.. teu bisa ??
*Anak*:
Pan dijero kulkas masih aya gajah. Jadi kaluarkeun gajah tina kulkas, tewak sapina asupkeun kana kulkas terus ditutup.
*Bapa*:
Nurustunjung ngala ka saha sia...
*Anak*:
Teruskeun nya pa.. ayeuna, lamun balap lumpat gajah lawan sapi, mana nu tiheula nepi ka finish...???
*Bapa*:
Nya sapiiiii atuh....
*Anak*:
Hadeuh.. bapa ngajawabna tarik, tapi salah.. nya gajah nu tiheula nepi mah, Pa...
*Bapa*:
Naha bisa kitu??
*Anak*:
Lah pan sapina masih dijero kulkas, can dikaluarkeun...
*Bapa*:
Kumaha sia lah...
*Anak*:
Hi hi hi geuning ambek....
Ulah ambek pa..
Sakali deui pa...
*Bapa*:
Naon deuiiii...??
*Anak*:
Kumaha carana nimbang gajah bapana jeung gajah anakna supaya sarua beuratna...??
*Bapa*:
Sia mah ngarang... gajah bapana pasti leuwih gede tibatan anakna..
Sabab bapana leuwih gede pasti bapana leuwih beurat..
*Anak*:
Tah kitu mun ngomong asal calangap teu dipikir heula.. padahal gampang.
*Bapa*:
Kumaha, coba ??
*Anak*:
Kari diphoto wae... Bapana gajah diphoto, anak gajah ge diphoto.. pas photo ukuran 4 x 6.. Terus ditimbang.. pasti sarua....
*Bapa*:
(garo-garo teu ateul.., geregeteun)
*Anak*:
Paa...
*Bapa*:
Euy.. aya naoon..?
*Anak*:
Lamun gajah jeung sapi ngalamar gawe, saha nu ditarima..??
*Bapa*:
Teuing ah.....
*Anak*:
Bapa dibere nyaho lah. Anu ditarima gawe Gajah pa...
*Bapa*:
Naha bisa kitu... ??
*Anak*:
Berkas lamaran anu gajah lengkap aya pas photoan.
Pan tadi gajah geus diphoto ari berkas lamaran sapi teu make photo.
*Bapa*:
Ngomong deui..., dicabok sia...!!