Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Sajak Lagu Puja

Karya
Yous Hamdan

Gusti,
Ingkeun ieu kalbu sina ngalagu
ngawihkeun kangen ka Anjeun
Tiap renghap sadami-sadami
dihejah asma Anjeun hiji-hiji

Ya Rohman, Ya Rohim
Ya Basyir, Ya Hakim
Ya Wahid, Ya Majid
Ya syahid, Ya Rosyid

Dina Angin di Pucuk-pucuk daun
Kakuping lirih galindeng dawuh
Abdi tanggah neuteup pamenteu gaib
Dina ramat cahaya burit

Ya Gofar, Ya Qohhar
Ya Jalil, Ya Karim
Ya Zahir, Ya Batin
Ya Awwal, Ya Ahir

Dina kangen abdi sumujud
Jero kangen abdi nyaluuh
Bari ngedeng bari diuk
Biwir ngunyem panon kucup