Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Sajak Do'a

DO'A
Karya Apip Mustopa

Jungjunan
Pangnangkeupkeun eta nyawa
Nu indit taya nu nanya
Taya tapakna di dunya

Angin
Pangusikkeun sapangeusi buana
Yen aya sinatria nu perlaya
Di wewengkon langit Sunda

Bulan
Baturan eta nyawa nu ditundung
Di tempat baktina taya nu daek ngajungjung

Hey panonpoe
Geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala
Sangkan ieu dada
Sakumna nyawa Sunda
Nyaho boga pahlawan digjaya