Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Sajak Bilal



Karya
Etty RS

Boa Beurang
Sora nu ditompokeun ka saban madzhab
Boa silung
Lagu nu dikelungkeun ka saban gunung

Naha parat ka beh ditueun
Tapak onta nu raca atawa temetu
Nembus tegalan batu
Geunteuing da sora kula lain keur tanding
Lagu kula lain keur tarung

Galantang Adzan nu ku kula dilakonan
Itung itung hiji takeran
Nepi kamana sora kula nu rek aweuhan
Ka ihwan nu ariman

Jeung kanu cangcaya ka pangeran
Allahu akbar allahu akbar
Sora tatahar keur jaga di padang mahsar