Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Dongeng Sunda : Sakadang Gagak Maling Dengdeng


Aya gagak hiber ka luhureun lembur, terus eunteup dina suhunan. Sabot kitu ku maněhna katénjo aya poé dengdêng dína nyiru. Gagak téh mani kabitaeun pisan Najan kitu manéhna teu wanieun maok sabab éta poé déngdeng teh ditungguan ku budak.

Waktu budak anu keur tunggu ngaléos heula ka imah gancang waé gagak téh nyamber déngdéng anu pangedéna. Geleber hiber deu ngajauhan tembur. Maksudna mah dengdèng meunang maling teh rék didahar di tempat anu suni ngarah euweuh nu nganyahoankeun.

Gagak téh terus eunteup dina dahan di tengah kebon. Dengdéng masih kénéh pageuh dicapit ku papatukna.

Sabot kitu lar aya anjing ngaliwat Anjing téh ungas-ingus sabab ngambeu daging Barang ret ka luhur ku anjing katénjoeun aya gagak mawa dengdeng. Atuh puguh anjing téh mani kabitaeun.

Anjing mikir sakeudeung kumaha carana mun hayang ngadahar dengdéng. Moal mungkin ari kudu direbut heula mah sabab kapan anjing mah teu bisaeun naěk. Kitu deui mun dípénta sapotong gagak geus tangtu moal mikeun. Ngan timbut waé akalna.

"Aeh-aeh Sakadang Gagak asa tos lami pisan urang teu patepang." ceuk anjing Nyaritana ngahaja ku basa lemes, da maksudna oge rek ngolo.

Gagak teh cicing waé.
"Mani tos sono teh sim abdi mah. Sakadang Gagak apan sato anu panghébatna. Geura eta bulu mani hideung meles semu hérang". omong anjing deui.

Gagak angser teu némbalan.
"sareng eta deuih, sim abdi mah kataji ku soanten nyalira. Naha da eta mah aya ku halimpu, mani matak dédéngéeun.

Gagak keukeuh teu ngawalonn, najan ari haténa mah geus ngarasa senang, sabab terus-terusan dipuji ku Sakadang Anjing.

"Mani hoyong ngupingkeun soanten sakadang gagak, sakali we ..." omonh anjing bari ngalengis.
Kalawan teu sadar gagak teh ujug ujug di sada. "Gaak..."

Atuh pluk we dengdeng anu dicapit ku pamatukna teh ragrag ka handap, ka lebah anjing. Barang pluk, gancang we ku anjing di samber, deregdeg dibawa lumpat ka nu bala, rek terus didahar.

Tungtungna gagak teh ukur bisa ngahuleng bari ngarasa hanjakal, sabab geud kabobpdo ku omongan sakadang anjing anu sakitu alusna.