Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Sajak "Hiji Catetan keur Kota Resik" -Saeful Badar


Bener, hunyudan runtah mo mere pangabetah
Sedeng na saban trotoar
Nu daragang humandeuar
Nyarungsum hirup lir na tetelar

Tapi mangka kudu dicatet
Lain keur rahul ku Adipura
Atawa monumen jeung munara
Sabab hirup geus teu nyangking cahaya
Alatan ilang rasa keur mirosea
Ledis ku pamrih dipikajaya

Deudeuh, Tasik nu resik tur campernik
Geus palastra sarewu gunung nu kungsi dipibanda
Geus musna ajen pasantren nu jadi papayung kota
Kalindes baliho jeung papan iklan
Nu ngabedega di unggal pengkolan jeung parapatan

Sarewu ruko, toserba jeung parumahan
Banget tega ngilangkeun katingtriman
Keur narimakeun hirup sakujur tangtungan
Geusan ngukur kamampuh sewang-sewanga

Tasikmalaya, 2006