Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Kumpulan Rumpaka Pupuh

Kinanti
Salendro

Uuuuuuuuuuuuu uuuuuuu

Ti bubudak masing junun ulah arek lancalinci
pupuh Kinanti

Ti bubudak masing junun
ulah arek lancalinci
tingkah polah sing mernah
tur bisa ngajaga diri
salametna kahirupan bagja lahir reujeung batin

salametna kahirupan bagja lahir reujeung batin
pupuh Kinanti

Ti bubudak masing junun
ulah arek lancalinci
tingkah polah sing mernah
tur bisa ngajaga diri
salametna kahirupan bagja lahir reujeung batin

Uuuuu uuuuuuuu uuuuuuu
Itu gunung ngariung waas
Itu gunung ngariung waas pisan

Itu gunung nu ngariung
Waas pisan ditingali
Ngariung alim papisah
Ku endah raket ngahiji
Etateh hiji gambaran
Jeung papada silih asih

Itu gunung nu ngariung
Waas pisan ditingali
Ngariung alim papisah
Ku endah raket ngahiji
Etateh hiji gambaran
Jeung papada silih asih

Etateh hiji gambaran
Jeung papada silig asih

Mijil

Mesat ngapung  ngawang ngawang
Mesat ngapung  ngawang ngawang
Mesatna tarik pisan tur sakti mandraguna
Nataran jagat

Hayang ngapung lir manuk dadali
Lain arek sombong
Tapi niat dina jero hate
hayang nyagking elmu ning sajati
babakti ka negri
sangkan negri makmur

Hayang ngapung lir manuk dadali
Lain arek sombong
Tapi niat dina jero hate
hayang nyangking elmu ning sajati
babakti ka negri
sangkan negri makmur

Purta bima gagah turas pati
Estu nginclong pamor
Unggal tanding musuh eleh wae
Pancen tugasna ngabela negri
Satria pinilih  pamor pantang mundur

Purta bima gagah turas pati
Estu nginclong pamor
Unggal tanding musuh eleh wae
Pancen tugasna ngabela negri
Satria pinilih  pamor pantang mundur

Pupuh sinom

Sinom lagu kapungkur Sinom pupuh buhun
Pikeun ngaguar rasa rasa sunda ayeuna

Sinom lagu kapungkur Sinom pupuh buhun
Pikeun ngaguar rasa rasa sunda ayeuna

Sinom sinom sinom sinom
Sinom sinom sinom sinom

Ajen inajen budaya
Keur ngasah budi pekerti
Sanajan geus robah jaman
Sing bisa ngigelkeun diri
Dina jaman industri
Parigel tur loba ilmu

Kudu ngasah pangabisa
Jauh dina tuna diri
Panceg diri bari emut ka pangeran.

Uuuu uuuu uuuuuu
Uuuu uuuu uuuuuu

Mangsana bangga budaya budaya ibu pertiwi
Rumawa budaya sunda na jaman globalisasi
Mangkade ati-ati pangaruh budaya batur
Rek cangking ajen ki sunda sangkan panceg ajen diri
Ngankat martabat kisunda sangkan jaya

Mangsana bangga budaya budaya ibu pertiwi
Rumawa budaya sunda na jaman globalisasi
Mangkade ati-ati pangaruh budaya batur
Rek cangking ajen ki sunda sangkan panceg ajen diri
Ngankat martabat kisunda sangkan jaya


Dangdangula

Uuuuuuu.uuuuuuuu
Pangabisa dibarung reujeung pangarti
Bekel urang binger dina kahirupan
Digawe sing rancage

Tanah sunda nu endah tur asri
Ti bihari nepi ka ayeuna
Wajib kudu di palire
Gunung anu parental
Lamping pasir cur cor ku cai
Subur ku tutuwuhan
Syukur kanu agung
Rampak gawe keur ngarumat tanda urang
Hayu diraksa di jaring maslahat salerea

Pangabisa di barung pangariti
Bekel urang dina kahirupan
Digawe masing rancage
Sangkan mangfaat hirup
Cangreudkeun dina jero batin
Mangkade  salah lampah
Tinangtu kaduhungjiwaraga katempuhan
Prak loba amal ka sakum mahluk gusti
Bagja dunya akherat