Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Widget Atas Posting

Paribasa jeung Babasan



Wangenan Paribasa
Paribasa nyaéta salah sahiji wanda pakeman basa anu mangrupa ungkara winangun kalimah anu geus puguh éntép seureuhna teu bisa dirobah boh unina boh tempatna atawa dilemeskeun anu ngandung harti babandingan atawa silokaning hirup manusa.

Ciri-Ciri Paribasa
Paribasa sipatna ngabandingkeun, ngumpamakeun, jeung mapandékeun.
Paribasa téh omongan anu hartina lain sajalantrahna.
Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarat anteb kana haté nu dibawa nyarita.
Paribasa heunteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, atawa dilemeskeun kekecapanana, sabab geus mangrupa basa pakeman.

Jenis-Jenis Paribasa
Paribasa Wawaran Luang nyaéta eusina ngandung maksud pikeun jadi picontoeun atawa pieunteungeun.                                                   
Contona:
Adat kakurung ku iga, hartina kabiasaan anu geus hésé dipiceunna.
Mihapé hayam ka heulang, nitip barang ka nu geus kanyahoan teu jujur.  
Buruk-buruk papan jati, hartina goréng-goréng ogé dulur sorangan moal ngantep lamun meunang kasusah.
Awéwé dulang tinandé, hartina istri mah kudu nurut kasalaki.
Deukeut-deukeut anak taleus, hartina deukeut tapi euweuh nu nyahoeun

Dihin pinasti anyar pinanggih, hartina takdir tos ditangtukeun ku Alloh
Gedé gunung pananggeuhan, hartina boga andelan dulur beunghar
Halodo sataun lantis ku hujan sapoé, hartina kahadéan anu mangtaun-taun leungit ku sakali kagoréngan
Kawas bueuk meunang mabuk, hartina ngeluk taya tangan pangawasa
Katempuhan buntut maung, hartina batur anu boga dosana, urang anu katempuhanana

Paribasa Pangjurung Laku Hadé nyaéta picontoeun gambaran laku hadé sangkan jadi tuladeun milampah kahadéan.
Contona:
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok, hartina upama dilakukeunna bari junun sagala rupa nu hésé bakal bisa.
Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal, hartina hirup ati-ati maké itungan.
Kudu bisa ngeureut neundeun saeuitik mahi loba nyésa, hartina kudu apik dina nyekel harta benda supaya boga bekel.

Kudu bodo alewoh, hartina lamun teu nyaho kudu daék tatanya.
Kudu hadé gogog, hadé tagog, hartina sopan santun, hadé tatakrama.
Kudu ka cai jadi saleuwi, kadarat jadi salogak, hartina sauyunan silih pihapékeun.
Kudu leuleus jeujeur liat tali, hartina kudu loba tinimbangan.
Landung kandungan laér aisan, hartina kudu gedé tinimbangan.
Kudu loba luang jeung daluang, hartina loba pangalaman jeung pangaweruhna.

Paribasa Panyaram Lampah Salah nyaéta gambaran laku goréng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan.
Contona:
Cul dogdog tinggal igel, hartina ninggalkeun gawé baku, terus migawé pagawéan nu taya hasilna.
Ulah meungpeun carang ku ayakan, hartina api-api teu nyaho, ngantep jelema anu migawé pagawéan salah.
Ulah agul ku payung butut, hartina ulah agul ku turunan.
Ulah adéan ku kuda beureum, hartina ulah ginding ku pakean meunang nginjeum.
Ulah biwir nyiru robéngeun, hartina resep nyaritakeun kagoréngan batur.

Ulah bodo kawas kebo, hartina bodo kacida.
Ulah dagang oncom rancatan emas, hartina ngalakukeun hiji hal nu teu saimbang.
Ulah kokoro manggih mulud, hartina sarakah makmak mékmék.
Ulah siga lauk buruk milu mijah, hartina marok-marokeun manéh.

Wangenan Babasan
Babasan nyaéta pakeman basa anu ungkarana jeung hartina geus matok. Babasan ungkarana parondok, umpamana/umumna ngan diwangun ku dua kecap sarta ngandung harti siloka (kiasan). Babasasan seuseueurna ngagambarkeun pasipatan jalma.

Ciri-Ciri Babasan
Ngandung harti injeuman (konotatif).
Ukuranna pondok.
Umumna diwangun dina kecap kantétan.
Susunanna tos matok atawa teu tiasa dirobah-robah.

Jenis-Jenis Babasan
Babasan Kantétan nyaéta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu ngandung harti injeuman. Ciri ciri babasan wangun kantetan:
1) diwangun ku dua kecap atawa leuwih / mangrupa kecap kantétan.
2)  unsur-unsurna dalit/raket teu bisa diselapan ku unsur séjén.
Conto: gedé hulu, teu bisa jadi gedé jeung hulu, gedé huluna atawa gedé ka hulu. Sabab, lamun diselapan ku unsur séjén bakal ngarobah makna babasan.
3) mibanda harti imajinatif atawa harti teu sabenerna.

Contona:
Gedé hulu          = sombong, balaga, pang jagona, adigung.
Akal Koja           = kapinteran dipaké  nipu batur.
Kurung batok     = tara indit-inditan
Ipis biwir           = babari ceurik
Héjo tihang        = pundah pindah tempat pagawéan
Panas barang    = sirik ku kaayaan batur
Atah anjang       = langka silih anjangan
Amis budi           = hade paroman

Conto dina wangun kalimah:
· Budak anu gedé hulu mah teu dipikaresep ku batur.
· Abongna kurung batok, karék ulin nepi ka Taman Topi ogé geus bingung pikeun balik.
Babasan Rundayan nyaéta babasan anu ngaliwatan proses ngararangkénan, boh binarung jeung ngarajék,  ngantétkeun boh henteu, sarta ngandung harti injeuman.

Contona
Buntut Kasiran              = medit
Ngabuntut bangkong     = teu puguh tuluyna
Disakompétdaunkeun    = disaruakeun jeung kasalahan batur
Dibéjérbéaskeun            = dibéjakeun sabenerna
Geutas harupateun        = gancang napsu
Dibabuklalaykeun          = dibabuk ka kénca katuhu
Paanteur-anteur julang = silih anteurkeun
Ngadaun ngora             = kaayaan jadi ramé

Conto dina wangun kalimah:
· Koruptor téh ngabéjérbéaskeun kalakuanana di persidangan.
· Pa Méméd mah katelah buntut kasiran, sok sanajan geus jadi kuwu ogé.
Babasan Frasa nyaéta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu hubungan antar unsur-unsurna ranggang teu dalit, sarta ngandung harti injeuman.

Contona
Kandel kulit beungeut               = jalma euweuh ka éra
Murag bulu bitis                        = teu betah  cicing di imah
Ngarah sahuap sakopeun           = usaha leuleutikan pikeun nyumponan pangabutuh saharitaeun
Bur beureum bur hideung         = hirup senang taya kakurangan
Aki-aki tujuh mulud                   = geus kolot pisan
Bali geusan ngajadi                   = lemah cai kalahiran

Dug hulu pet nyawa                  = usaha satékah polah
Hutang salaput hulu                  = hutang kaditu kadieu
Conto dina wangun kalimah:
·      Dewi mah kandel kulit beungeut bobogohan jeung nu boga pamajikan.
·      Sinta mah keur meujeuhna murag bulu bitis tara aya waé di imah.

Bedana Paribasa jeung Babasan
a.    Paribasa
·      Ukuranna panjang.
·      Kalimahna teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.
·      Hartina lain ti harti sajalantrahna.
b.    Babasan
·      Ukuranna pondok.
·      Umumna disusun dina wangun kecap kantétan.
·      Umumna ngabandingkeun.

Saruana Paribasa jeung Babasan
a.       Wangunna matok.
b.      Ngandung harti injeuman (konotatif).

Kacindekan
Babasan jeung paribasa dina intina mah sarua wae. Babasan mah mangrupa ucapan anu geus pasti patokan atawa basa pakemanna jeung digunakeun dina arti injeman lain harti nu sabenerna tapi mangrupa babandingan tina sipatna hiji benda atawa kaayaan anu geus jadi suku kata. Babasan seuseueurnaa ngagambarkeun pasipatan jalma. Paribasa oge termasuk pakeman basa, anu teu bisa dirobah susunan atawa ucapan-ucapanna anu ngandung harti babandingn atawa silokaning hirup manusia. Perbedaan babasan jeung paribasa nyaeta paribasa mah geus jadi kalimat jeung paranjang, sedengkeun babasan mah paréndék. Paribasa mah dina kalimahna sok anteb kana haté nu diajak nyarita.

Post a Comment for "Paribasa jeung Babasan"