Nadoman Syarat Sahna Khutbah
Syarat sahna khutbah dua teh
10
Geurapapay ku aranjeun
masing puguh
Hiji kedah suci tina hadas
dua
Hadas alit hadas ageung teh
sarua
Dua suci tina sadaya najisna
Nabadanna pakean sareng
tempat na
Ka tilu na kedah nutup kana
orat
Opatt ngadeg ka jalma anu
kawasa
Lima diuk anatarana sujud
dua
Saluhureun tumaninah dina
sholat
Ari nomer ka genep na
tuluy-tuluy
Dina antarana khutbah anu
dua
Ari nomer ka tujuh na
tuluy-tuluy anatar khutbah dua jeung sholat jum’ah
Ari nomer ka 8 kedah buktos
Khutbah 2 na kedah ku basa
arab
Ari nomer salapan kedah
ngadangu
Khutbah 2 na ku jalma 40
Ari nomer ka 10 kedah buktos
Khutbah 2 na kedah na waktu
dzuhur