Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Nadoman Syarat Jama Takdim, Takhir jeung Qosor



SYARAT JAMA TAKDIM

Syarat jama takdim eta aya 4
Geura papai ku aranjen masing tepat
1 Ngamimitian kunu kahiji
2 niat ngajama dinu kahiji
3 Nuluy anatara 2 solatan
No ka 4 na kedah mayeng udur

SYARAT JAMA TAKHIR

Syarat jalma takhr eta aya 2
Geura papay ku aranjen sing sadia
Ari nomer ka 1 niat ngahirkeun
Dina waktu nu mashi sasolataneun
Nomer ka 2 na kedah mayeng udur
Nepi ka sampurna sholat nu kadua

SYARAT SAHNA NGOSOR

Syarat sah na ngosor eta aya genep
Geura papay ku aranjen masing puguh
Hiji lempangna, dua pamondokaneun
Tilu terang kana kawenangan ngosor
Opat niat ngosor nalika takbirotul ihrom
Lima sholat a kedah nu bangsa 4
Nomer ka genep na kedah mayeng udur